GANAPURUSA
"Tung-tung-tung...! Kadenge kohkol nu ditihtirkeun, nu pareng aya diimah kontan kalaluar. Kolot, budak, awewe, lalaki kabeh tumplek kabale desa bari jeung silih tumanya kapada baturna,
"Aya naon-aya naon?"
"Aya karaman aya naon?"
Bari pahibut, tapi hiji ge taya nu bisa ngajawab. Diluhur pandopo ulu-ulu jeung jaga baya lembur rajeg, bari neuteup balarea nu beuki loba.
"Ulu-ulu aya naon ieuteh, kunaon kohkolteh bet ditihtirkeun?"
Hiji kolot kadenge tumanya, panona melong kalebah ulu-ulu.
"Dengekeun...!" bah suya kadenge ngagorowok, "Pangna kami jeung ulu-ulu nakol kohkolteh memang aya pakewuh, aya uru-ara nu kudu buru-buru direngsekeun..."
"Enya uru-arateh uru-ara naon?"
"Tinggal katogoh..." Salarea malik katonggoh tuluy taranggah, kaciri haseup mani ngadingdiNg
"Tah etateh lain haseup nu keur ngadurukan, tapi kebon awi nukeur kahuruan. Lamun kurang teu buru-buru dipareuman, tanwande seuneuna bakal terus ngarembet tepi kadieu. Jadi samemeh kajadian nu teu dipalar tumiba, siapkeum diri andika pikeun ngungsi. Atuh nu jaragjag hayu urang gotong royong babarengan mareuman eta seuneu?"
"Hayu...!" ceuk nu jaragjag.
"Dimana juragan widura?"
"Anjeuna tos aya diditu babarengan jeung nusejena, malah den arya, den turangga sareng nyinas lirih oge tos araya diditu, pada-pada turun milu bajuang merangan sijago geni..."
"Hayu atuh..."
"Hayu..."
Buriak jalma bubar. Tuluy siap siaga, bisi aya bancang pakewu nu leuwih rongkah! Nu halengker tarata-tatan pikeun ngungsi, ari nujaragjag, rame-rame ka sisi lembur bari mawa saboga-sabogana. Aya nu mawa bedog, nu mawa bandring, tambang jeung rea-rea deui. Nu mawa tabong jeung ember oge aya. Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngematngemat nyatang pindang kadia sireum dina batu.
Barang tepi kasisi lembur nyaan bae seuneuteh rongkah mokaha, ngagedur tepi kangaguruh, seah lir hujan silantang, awor jeung ting peletekna silalatu nu mawur manca wura.
Anggang keneh oge katembong jalma geus paciweuh mareman seuneu. Aya nukucara manjuran, ngagebugan, malah nu nyaeur ku taneuh jeung keusik oge aya. Pada-pada giat, euweuh nu melencing puguh kajurung rasa hariwang jeung paur inggis seuneuteh ngarenbet katengah lembur.
"Jaga baya, ulu-ulu kadieu!"
Hiji jalma ngagorowok bari ngagupayan, horeng juragan widura.
"Kumaha, gan..."
"Pingpin kadang warga sangkan ngaruntuh-runtuhkeun tangkal awi nu aya dibarisan ieu tug nepi kakidul. Usahakeun runtuhna nonggongan seuneu, kaharti..."
"Mangga..."
"Tapi naha?" Hiji jalma tumanya teu ngartieun, "Naha teu leuwih alus langsung dibanjuran cara nusejen..."
"Mareman seuneu dikebon nu sakieu gegek jeung legana, teu cukup ku dibanjuran kucai. Tapi aya cara sejen nu teu eleh pentingna, nya diantarana ku cara ngaruntuh-runtuhkeunana..."
"Abdi weleh teu ngarti..."
"Meges..." jaga baya nyureng, "Teu kudu loba tatanya turutkeun bae, engke oge maneh bakal nyaho kusorangan..."
Sijalma baeud, kasinggung ku ucapan jaga baya, tapi teu burung nurutterus luncat bari jeung mesat bedogna. Tuluy nuaran tangkal babarengan jeung nusejena, soranana dok-dak awor jeung gogorowokana jalma nu mareman seuneu.
"Rekeeettt...! Dorokdok, gubrag! Dorokdok, gubrag! Dapuran tangkal awi mimiti rebah, sorana tepi kaseah awor jeung ngaduruhna seuneu nu ngagegedur.
Jleng-jleng-jleng! Kiwidura luluncatan asup kabeh jeroeun kebon, diantara ngagedurna seuneu nu keur rongkah mokaha. Sakapeung dongko, sakapeung luncat, tampolana tepi ka ngorondang nyingkahan tatangkalan nu keur kabeuleum.
Tadi basa keur cuh-cih paparentah, kumanehna sempet kaleret aya hiji jirim nu keur kakepung seuneu. Sok sanajan saliwat eces jungkerengna, keur sosoloyongan katalimbeng. Teu malire, kana kasalametan jiwana sorangan manehna asup kajero seuneu rek nulungan.
Soksanajan panas leuwih timisti, manehna maksakeun teu geus teu malire panona nu mimiti peurih jeung ambeukan sesek. Norobos terus kajero, ongkOh panasaran saha eta jalma nu keur jatalimbeng.
Teu lila breh, katingal aya jalma keur ngajanteng. Awakna geus ngabebela kabulen seuneu, nyamarkeun tetenjoan kiwidura.
"Demi suryakala saha etateh?"
Ngagerendeng bari melong hayang sidik. Tapi weleh teu sidik, lian awakna geus kabulen seuneuteh matana sorangan perih luar biasa. Nu aneh, sok sanajan awak eta jirim geus hurung ngabebela, tapi taya tanda-tanda nukeur nandangan kanyeri. Numatak kaget deui palebah matana moncorong lir batu merah dalima, babarasatan ngaluarkeun sinar panas, ngaduruk naon bae nu katenjona.
"Hey, saha anjeun! Demi Surya Kala mahluk naon Andika nu sabenerna?"
KiWidura ngagoworok, bari satekah polah ngadeukeutan hayang sidik. siMahluk katembong kaget, tuluy nyanghareup ka kiWidura, nu kontan kasima kupangadiwasa eta mahluk. Teu sadar sukuna mundur tepikeun ka sababaraha lengkah, neuteup simahluk poho dingicep. Jelas eta mahluk ngajirim manusa, tapi awakna weduk tina seuneu, rupana eta mahluk mibanda kakuatan GANA, alias manusa satengah dewa.
Jorojoss...! Kadenge sora nu ngajorojos, tarik luar biasa nendengan ngaguruhna seuneu Nu ngagedur. Lir tai bentang si mahluk lumpat ngabeselesat! Ngaburinyay lir kingkilaban, norobos lautan seuneu nu kontan muka, gorowong teu beda titorowongan seuneu.
"Hiiiyyy..." Kiwidura ngabirigidig, hemeng ku kakuatan eta malluk. Batina goncang, pangacian kabur teuing kamana. Untung panasna seuneu jeung sesekna ambeukan geus nyaadarkeuna dirina tina goncangan batin, rurusuhan kaluar dina kepungan seuneu, kitu ge meh-meh katalimbeng tur binasa. Tapi bungbangna tangkal nu ditaluar geus mere pituduh, pikeun manehna kaarah mana kudu lumpat keur nyalametkeun diri.
"Ama guru...!"
"Abaah..."
Tilu jalma kadenge pating gorowok bari jlung-jleng lakuncatan nyampeurkeun, horeng tilu urang muridna. Arya, Turangga jeung nyimas lirih.
"Kunaon abah ujug-ujug norobos seneu?"
Juragan Widura gigideg, tuluy pada ngabeyeng dibawa kanu rada anggang. Nu pareng ningalieun oge hareranen, tapi rek tumanya teu wani, ongkoh geus kawakilan ku pananya nyimas lirih.
"Abah ningal jalma nu kaduruk! Tapi..."
"Nanging naon, abah?"
"Tapii..." kiWidura gigideg deui, "Abah sieun salah ningali..."
"Memangna abah ningal naon?"
"Ganapurusa..."
"Naon etateh?"
"Manusa nu mibanda kakuatan dewa, manehna bakal weduk kurupa-ruoa pakarang kaasup seuneu..."
"Ah, nuleres?"
"Pikeun manehna elmu silat geus taya gunana. Manehna dilahirkeun dina kaayaan digjaya..."
"Tapi naha aya manusa sape tos kitu?" nyimas lirih heran, gegedenamah teu percaya. Pon kitu deui, nu sejena kadangwarga nupareng ngadengekeun. Seg lain nu dijuragankeun nyarita, can tangtu nuaraya didinya percya.
"Numatak eta abah sieun salah ningali...."
"Nupentingmah abah guru salamet..." Turangga mairan, satengah nyalenggorkeun obrolan. Ngarasa salempang ku kondisi Nu jadi guruna.
Sanggeus gotong royong bajuang mareman seuneu meh sapanyeupahan lilana, kakara seuneuteh bisa dikadalikeun, jalma beuki sumanget mun keur perangmah bau kamenangan geus kaambeu.
Kuurang lembur kakara kahartieun, Kucara ditaluaran seuneuteh teu terus ngarembet, sabab jalan seuneu kapotong kuayana tangkal nu ditaluar tea.
Wanci tunggang gunung, kakara seuneuteh bener-bener pareum. Ninggalkeun tapa jeung kaancuran, tatangkalan nu bungbang jadi lebu sawareh masihnruhay atuh hasepna meletek ngelun kaluhur. Tapi sok sanajan kitu kaayaanteh jadi negla, caraang-mun dijieun kebon atawa humateh geus moal hese.
Geurr... Ningali kitu urang lembur surak. Bungah lain dikieuna, bisa mareuman seuneu nu sakitu ganghasna. Sararea ngariung bari nyidik-nyidik kaayaan, tuluy mariksa batur-baturna nu taratu jeung baraared, malah nu kaserempet hinis awi ge teu saeutik.
Sanggeus kaayaan bener-bener aman salarea mulang, ari kiwidura katut inohong lembur manderikeun maneh kaasup tilu muridna.
"Abah, saleresna naon nu tos kajantenan?" nyimas lirih kadenge cumarita.
"Abah sorangan can bisa nyimpulkeun..."
"Rupihamah aya nu jorok, Nden..." Ulu-ulu mairan, "Siganamah geus dudurukan, urutna teu pareman kalayan taliti..."
"Tapi kebonteh teu angar, malah semu-semu nu baseuh. Kuring sangsi mun kacilakaan, ieu siga aaya nu ngahaja ngaduruk jiga nuhayang ngacaukeun lembur..."
"Tapi akimah boga papanggihan sejen..." Kiarnasik nyulengkeng.
"Manggihan naon, ki?"
"Tadi basa keur manjuran seneu, dijero kebon nu keur ngagegegedurteh aya nu ngajol siga hantu, ngabelesat matak rewas..."
"Ah, nu bener ki?"
"Bener! Sing teu bisa ingkah didieu..."
"Paling ge salah tetenjoan, ki..." bah Suya keukeuh teu percaya.
"Enya paling ge silaatu katiup angin, meureun...?"
"Nya kumaha ujang we etamah, rek percaya sukur teu percaya kajeun, duanana oge euweuh untungna keur akimah..." walon siaki Arnasik semu keuheul kaulu-ulu jeung kagagabaya. Untung keur kituteh nyimas lirih nyulengkeng mairan.
"Upami kitumah pependakan siakiteh meh sami sareng nu kapendak kuabah guru..."
"Memangna juragan mendakan naon?" jagabaya tumanya semu heran.
"Ganapurusa..."
"Hhh..." Bah suya katut nu sejena pating rarenjag, leumpangna oge tepikeun kabengbat.
"Juragan nuleres?"
"Kaula sieun salah nempo, tapi lamun kiArnasik sarua manggihan, hartina tetempoan kaula hampir ngadeukeutan benerna..."
"Jadi benernya tetempoan akiteh?" kiArnasik curinghak. Juragan Widura ungek sedeng siaki langsung ngalegeg.
"Sanajan aki geus kolot, tapi tong nyapelekeun tetempoan aki ulu-ulu, jagabaya..."
"Hampura, ki..."
Brall... Laleumpang deui. Ngabring aya kana sapuluh urangna, pangheulana juragan widura, ditumbu ku tilu muridna, te us uulu-ulu jeung opat jaga baya lembur. Sesana ngaleut, tukangeunana.
"Abdi masih panasaran, abah..." Arya kadenge nyarita deui.
"Ngeunaan naon?"
"Gana Purusa. Naha leureus nu tadi kapeudakteh eta mahluk?"
"Abah yakin manehna ganapurusa sabab mun manehna kinara, moal weduk kuseuneu. Tong boro kaduruk sarupa kitu, karek ku cahyana oge manehna bakal sieuneun..."
"Janten leres eta mahluk teh aya..." nyimas lirih bangun nucangcaya keneh.
"Ganapurusa kasebut manusa satengah dewa! tahapanna leuwih luhur tibatan kinara alias manusa satengah siluman. Boh budi parangi boh kasaktianana, ganapursa leuwih ubggul satingkat batan kinara.
Baheula dijaman salaka nagara mimiti ngadeg, eta dua mahluk geus araya. Dumukna teu tangtu, aya nu digunung, dijero leuweug, dijero guha malah aya oge nu didasar talaga jeung walungan. Sikepna masih kejem jeung beungis teu beda tisato hewan. Jadi pribumi turun tumurun tijaman yaksapurusa, wamanapurusa tug nepi kaganerasi maranehna. Terus ngarekahan tur ngalobaan, sabab ieu dua mahluk mo bisa binasa mun teu sakahayangna sorangan. Utamana kinara, awakna terus barevolusi kawas oray..."
"Megar ama?"
"Nya hampir samodel kitu? Maranehna hirup tanpa adab jeung palaturan, sakur lembur atawa nagara nu kasorang teu weleh diganggu. Hartana dibawa, jalmana digunasika lamun awewe sok dijadikeun tumbal napsu hewana. Mangsa harita taya jalma nu sanggup meruhkeun jeung ngungkulananana, kaasup para brahmana jeung ksatria..."
"Teras naon nu ngabentenkeun Gana Purusa sareng Kinara?"
"Sabenerna eta dua mahlukteh meh sarupa jeung sarua, nu ngabedakeun maranehna nyaeta tina budi parangi jeung kakuatan husus bawaan lahirna. Ganapurusa sok hade hate, boga parasaan welas asih sakapeung sok tulung tinulungan bari jeung teu dipenta. Sabalikna kinara kejem jeung telenges, licik tur pinuh kureka pedaya. Diantara maranehna aya nu resep daging jeung nguyup getih seger manusa. Tepikeun dina hiji waktu muncul Brahmana turunan kulawarga calankayana, manehna apal kana pangapesan eta mahluk. Diantarana aya nuhasil dilumpuhkeun tur dibinasakeunana..."
"Naon nujadi pangapesanana, eta mahlukteh ama?"
"Batu Mustika Kumala Dewi. Hiji batu nuasalna tilangit katujuh, dipercaya kaluar dijero beuteung gunung nu aya dikarajaan langit. Eta mahluk bakal binasa, mun seg diungkulan batu mustika. Sagala kadigjayaan, kasaktian, jeung kamandragunaana bakal ilang turta musnah..."
"Sakitu ampuhna ama eta mUstikateh?"
"Ampuh jeung matih keur maranehna! Ari keur urangmah taya pangaruh naon-naon?"
"Teras kumaha ama?"
"Kusabab eta mahluk kejem jeung telenges sarta terus-terusan ngarajalela, ahirna batu mustikateh ku sang brahmana direcah, tuluy dijieun panolak bala. Diantarana aya nu dijieun giwang, gelang, lelepen jeung anting-anting. Sarta sesana dijieun pakarang saperti; panah, tumbak, jamparing jeung keris. Sanajan eta pakarang teu sakuat wadja atawa beusi tapi mampuh ngabinasakeun eta mahluk.
Sanggeus dijieun panolak bala jeung baraja, eta batu mustikateh dibagikeun kakadang warga jeung ka para ksatria karajaan, malah urang rimbawilis oge aya nu kabagean. Maksud jeung tujuan sang brahmana jelas, lian tihayang nangtayungan nu lemahteh tapi oge ngajaga sangkan eta mahluk teu ngarajalela tur nebarkeun raja pati. hususna ditatar bhumi yawadwipa, umumna dibumi nusantara.
Panceg tanggal 25 bagean poek bulan asuji, perang ngalawanan eta mahluk dimitian. Para Ksatria, jawara padepokan jeung para resi tur wiku ngagabung ngajadi hiji ngagempur eta mahluk.
Salila ieu, maranehna kakocap weduk jeung kuat. Taya pakarang nusanggup ngabinasakeunana, ku sabab eta maranehna jadi balangah tur takabur. Basa manehna ditumbak jeung dipanah lain dicingcetkeun, malah ditadah ku dada jeung beuheung. Basa beuteung jeung tonggongna ditewek keris, lain disingkahan malah diasongkeun. Antukna maranehna binasa, katiruk dada jeung jajantungna, kapanggang tikoro jeung beuheungna. Tuluy hurung sarta lebur jadi silalatu, musnah teu ninggalkeun tapak.
Tiharita eta mahluk tuluy diburu jeung diudag-udag. Sakur babakan, guha-guha sedong jeung pileuweungan nudianggap sarang jeung panyumputana dibersihan tur diobrak-abrik tug ahirna eta mahluk Binasa taya nu nyesa.
Nepi kahiji mangsa Sang brahmana sadar, diantara maranehna aya orok jeung budak nu teu tuah teu dosa. diatara maranehna aya nu ngabogaan budi parangi nulinuhung, aya numibanda sipat welas-asih, jiwa kapahlawanan sok tutulung bari jeung tara dipenta.
Ahirna inyana turun tangan, ngumpulkeun ksatria jeung nusejena sangkan ngeureunkeun eta misi. Tapi hanjakal geus leuir... Kinara jeung Gana purusa musnah manten, tumpur taya nunyesa!
Ngarasa dosa ku kumusnahna hiji mahluk, sang brahmana sedih ngarasa dosa nupamustunganana sang brahmanateh nyucikeun diri, bari munarajasunya alias nunggu ajal datang. Ngan tangtu bae samemehna, sakur baraja pusaka nu dipake ngabinasakeun eta mahluk ditarik. Laju dilebur babarengan jeung jasadna nu dikramasi. Ceuk beja lebuna diawurkeun dipuncak gunung indrakila, ngahiji jeung alam sabudeureunana.Tah kitu nyimas lalakonamah..." ceuk kiWidura kadenge mungkas pedaran lalakona, kitunateh bari jeung rut-ret kanu araya didinya.
"Teras naha juragan yakin, nu muncul dilembur urangteh salah saurang diantara? Terus boga maksud naon?"
"Kaula sorangan teu nyaho..."
Bari tanggah nyawang bentang nu baranang, ting karetip ting karicep mapaesan alam nu poek mongkleng.
¤¤¤¤¤¤
"Gedebrug!"
Dihiji pipir imah aya nu ngagedebrug, sada barang nutibeubeut atawa nungagubrag . Nu tangtuna bae oge ngagetkeun nu boga imah, harita oge tembong pantona muka. Hiji awewe Kaluar bari kundang obor, bubuluburangan nyaangan kaayaan sabudeureunana.
"Alingg..."
"Ma..." hiji jalma taranjang bari jeung ngudupung.
"Naon nu geus kajadian?"
"Uing teu Nyaho, ma..."
Gulubrag! Sialing rubuh kapiuhan, kuindungna dipayang dibawa asup kajero. Hatena kaget ningali kaayaan anakna, datang bangun payah bari awakna buligir teu kasampayan kaen salambar-lambar acan.
Sanggeus dikedengkeun, awak anakna tuluy dibersihan dielap make kaen baseuh, dibajuan jeung dicalanaan. Sok padahal anaknateh geus halughug jangkung, umurna oge geus hampir tujuh welasan taunan. Tapi kukanyaah jeung Kadeudeuhmah rasa ragabteh kaelehkeun, malah terus ditarekahan malar anakna tereh sadar. Dipencet, sarta disasar lebah urat pentingna tug ahirna sialing ngaberkes lilir.
"Dimana ieu?"
"Maneh aya diimah, aling?"
"Naon nu geus kajadian...?"
"Hih, mun arek oge ema nu tumanya kitumah. Kunaon hidep datang bari jeung dina kaayaan payah, babaragadalan teu make pakean saeutik-eutik acan. Untung kaayaan peuting mun berang kana tangtu bakal wiwirang..."
siAling nguniang hudang, tuluy diuk sisieun dipan, ku indungna dibere nginum geus nyalse kakara ditanya deui.
"Aling, sabenerna naon nugeus kajadian...?"
"Uingg..." Sialing ngahuleng sakeudeung, "Sakujur awak uing kabeuleum ku seuneu, ma. Pakean uiing musna kaduruk jadi silalatu..."
"Naha bet bisa kitu? Naha maneh milu mantuan mareman seuneu..." siAling gideg.
"Ari geus?"
"Justru uing nungalantarankeun eta kebon kahuruanteh, ma..."
"Baruk! Naha maneh dudurukan?" siAling gideg deui.
"Mun lain dudurukan terus naon atuh? Atawa ngahaja ku maneh diduruk?"
"Komo kitu, ma. Teu pisan-pisan?"..."
"Kitu lain kieu lain? Ari geus kumaha atuh?"
"Uing teu ngahaja, ma."
"Maksudna?"
"Kebon awiteh memang kahuruan ku uing, tapi teu ngahaja..."
"Enya dikumahakeun?"
"Panon uing ngaluarkeun sinar nu kacida panasna, tepikeun ka sakur-sakur nu katenjo ku uing langsung hurung kaduruk..."
"Baruk! Naha bet bisa kitu?"
"Uing ge teu Nyaho..."
Ratna Inten kerung, bari neuteup sekeut nu jadi anakna.
"Naha samemehna aya hiji kajadian nu rada aneh?"
"Euweuh, ma. Tapi..."
"Tapi naon?"
"Terus terang bae samemehna Uing ningali sikania mandi..."
"Hhh... naha maneh ngintip?"
"Teu ma, uing teu ngintip. Sikania mandi hareupeun uing, terang-terangan. Teuing kunaon manehnamah bobolonen bae, tara boga pikiran era padahalmah meh gede..."
"Terus kumaha?"
"Teuing kunaon sagala rengkak paripolahna kabayangkeun bae, utamana nalikal... Nalika... manehna mandi. Padahal samemehnamah biasana oge tara kitu. Jajantung ratug, hate pating sareblak sarta awak asa paranas tiris..."
"Teu kudu heran, eta tandana maneh mimiti dewasa. Hukum alam nu kacida normalna..."
"Tapi uingmah beda, ma..."
"Beda kumaha..."
"Pokonamah beda, tapi hese ngungkabkeuna. Nu jelas satiap inget kana eta kajadian aya hawa aneh nu sumarambah, ngajalar kasakujurawak sarangkum hawa panas nungumpul na panon uing. Tepikeun ka palebah kebon awi, sirah uing ujug-ujug lieur dada engap nu hebat tetenjoan bet robah jadi barureum sarta sakur nu katenjo ku uing ting beledug hurung!"
"Naha ieu kajadian aya nu nganyahoankeun?"
"Hampir..."
"Saha?"
"Juragan widura..."
"Yakin juragan Widura teu apaleun?"
"Uing yakin, ma. Sabab basa manehna nyampeurkeun, awak uing geus kabeuleum sakujur awak ngabebela kalentab seuneu dina dapuran awi nukeur kahuruan! Sarta uing langsung kabur..."
"Maneh kudu leuwih ati-ati..."
Sialing Ngarahuh tuluy nyarande kana bilik, ku indungna diasongan cai haneut sangkan leuwih tenang.
"Uing inggis eta kajadian tadi tumiba ka jelema, kabeuleum ku kakuatan uing tanpa karana dihaja. Sabanerna aya sabara rupa kakuatan nu aya dina awak uingteh, ma?"
"Ema sorangan teu yakin, sakanyahomah Ganapurusa sok mibanda lima kakuatan sakaligus, beda jeung kinara nuukur mibanda kakuatan sarupa luyu jeung bakat nalika dilahirkeunana..."
"Terus uing kudu kumaha alusna, ma? Naha teu leuwih alus ieu kakuatanteh dimusnahkeun bae? Terus terang bae uing sieun nyilakakeun batur. Ceuk pamikir mening hirup jadi jelema biasa dina kaayaan tentrem, dari pada jadi manusa Gana tapi diudag-udag ku karisi jeung kapaur..."
"Sakuduna maneh to boga pikiran nu sarupa kitu, memangna lamun jadi manusa biasa bakal leupas tina masalah? Regepkeun ku hidep nu diperlukeun kiwari lain miceun atawa ngamusnahkeun eta kakuatan, tapi hidep kudu mampuh ngadalikeunana. Malar eta kakuatanteh kaala guna katut manpaatna, hususna keur hidep umumna umat manusa..."
"Tapi kumaha carana?"
"Ku ema bakal dibejaan saeutik-saeutik..."
"Ema apal carana?" ceuk sialing pinuh ku pangharepan.
"Tangtu..."
"Kumaha?"
"Isuk urang pedar ngarah rineh tur nyalse. Ayeumah geus peuting hidep kudu leureuh, ngarah isukan maneh bisa digawe saperti biasana..."
"Naha teu leuwih alus ngaso heula?"
"Wayahna ulah, bisi aya nu curigaeun. Pek gera sare..."
"Hiji deui, Ma..."
"Naon?"
"Naha ema kungsi ngalaman hal nu sarupa cara uing?"
"Tangtu bae..."
"Kumaha?"
"Baheula nalika umur ema sababad jeung maneh, ema oge teu luput tina kasalahan. Tapi sanggeus diarahkeun ahirna biasa deui, malah ema jadi mampuh ngagunakeuna kalawan sampurna..."
"Tapi uing ningali ema teu boga kakuatan nao-naon?"
“Sabab ema awewe, sakur-sakur turunan begawan jala ujung heg awewe sarta kawin lain ka sabangsana deui, kakuatanana bakal regas teu saperti lalaki. Lamun manehna ngajuru, kakuatanana bakal ilang bakal sumurup ka sijabangbayi nu dilahirkeunana. Nya buktina kahidep..."
"Baruk! Atuh lamun kitumah kakuatan emateh ngaleungit gara-gara uing?”
“Eta geus mangrupa risikona, kuema memang geus dibalitungkeun samemeh pruk kawin jeung bapa maneh...”
"Naha ema ngarasa kaduhung?"
"Tangtu henteu..."
"Naha ema bet daek ngahiji jeung sibapa? Padahal sakitu jahatna gening..." Ratna Inten imut, geus kitu pok nembalan.
"Baheula bapa maneh jalma bener. Hade budi jeung parangina, teu kawas ayeuna jadi kejem jeung telenges..."
"Naha bet bisa kitu, ma? Naon alesanana tepikeun ka si bapa pindah pileumpangan?"
"Sabab..." Ratna Inten teu kebat.
"Sabab naon, ma?"
"Sabab geus kitu kuduna..."
"Geus kitu kuduna kumaha uing teu ngarti. Kangaranan jelema robah jalan pileumpangana, kudu aya sabab musababna..."
"Geus peuting geura sare! Isuk bisi kakabeurangan, ngarah batur euweuh nu curigaeun..." Ratna Inten bangun nu embung kapapanjangan.
siAling teu ngomong tuluy ngagoledag kana dipan awi, terus nangkrak bengkang bari nenjo lalangit imah nu oyag katebak angin.
Ratna Inten ngadilak, tuluy ngaleos ninggalkeun pangkeng kebat kapatengahan. Puh, cempor ditiup langsung poek meredong sarta jempling taya nu kadenge.
Kocapkeun isukna, can naon-can naon oge anakna geus kokoceakan. Biwirna sasambat gura-gero ngageroan manehna. Teu sirikna luncat Ratna Inten nyampeurkeun, kasampak dijero kamar anakna keur gogorelengan, nu matakak kaget matana hurung lir batu merah dalima.
“Aling kunaon ?” Ratna Inten tumanya.
“Dimana ieu, ma?"
"Harrr... nya aya diimah, memangna dimana...”
"Ema dimana?"
"Nya didieu hareupeun hidep, piraku teu kaciri?"
Sialing nguniang, gek Diuk dina dipan awi. Matana masih hurung, teu beda tiruhak seuneu.
"Uing teu bisa nenjo nanaon, ma..."
"Naha pararoek?"
"Henteu..."
"Terus naon nu katenjo?" Sialing rarat-reret, terus ngurilingkeun paneuteupna.
"Uing bisa nenjo nu jauh, pasir sakunca jeung sanci, tegal pangangonan tuluy pafunungan..."
"Terus nu aya hareupeun teu kaciri?" sialing gidEg. "Kaasup ema, lomari panto jeung bilik imah teu kacuri?"
"Titingalian uing asa tanah lapang, dipategalan tanpa tangkal jeung tutuwuhan..."
"Aneh..."
"Kunaon uingteh, ma?"
Ratna Inten gogodeg, tuluy nyekelan tak-tak anakna bari jeung nyarita.
"Tenang! Hidep tong geumpeur. Kiwari kakuatan maneh keur muncak tur teu kadalian..."
"Terus uing kudu kumaha?"
"Tuturkeun sagala papatah jeung omongan ema. Tarik napas sing jero..." Sialing nurut, "Tuluy peureum, pancegkeun pancadria hidep kana hiji kayakinanan. Kayakinan yen maneh hayang bisa nenjo! Rasa, cipta, pikir ngajadi hiji. Beuki jero napas maneh ditarik, beuki kuat eta kayakinan hayang neuleu saperti biasana..."
Jep, gegerendengan nepi kadinya taya nu kadenge, awak asa harampang tuluy kumalayang biyur sampuur kamadia gantang. Teu beda tiangin nu nghiuk, kawas mega nu kumalayang tanpa jirim tanpa raga, tanpa jasad jeung parasaan. Ngahiji ngalambangsari jadi salah sahiji bagean alam.
Tepikeun kaahirna aya nu nepak kana taktak jeung ngaguyah-guyayah awakna. Bray, manehna benta. Bray-bray, tetenjoana mimiti normal. Mimiti sagala kaciri. Dipan, meja korsi jeung nu sejena mimiti kaciri deui, pamungkas katejo, yen memang dirina aya diimahna. Aya di dijro pangkeng sakumaha biasa. Numatak kaget teu jauh timanehna aya nu ngajentul, hiji rorongkong manusa keur diuk gigireuna. Tuluy lalaunan katenjo keteg jajantung, aliran getihnana sarta rewuan urat sarap nu pakuranteng dianrara daging jeung bayah, nepikeun kaahirna ngajangelek gembleng manusa, sing horeng nu jadi indubgna.
Gabrug sialing ngagabrug, tuluy ngagukguk ceurik juuh ku cimata. Ku indungna diusapan bari dilelemu, nitah sabar jeung tsbah enggoNing narima eta kanyataan.
"Poe ieu uing hayang cicing ma, hayang leureuh..."
"Nya geus, Teu kudu maksakeun. Keun mang odon ku ema urang bejaan..."
Sialing cengkat, tuluy diuk. Hihideung panona geus biasa deui, teu ruhay siga tadi.
"Kumaha parasaan hidep kiwari?"
"Ari awakmah teu kua-kieu, tapi pikiran teu bisa tenang teu bisa jejem..."
"Engke deui lamun ngalaman nu sarupa kitu, petakeun saga rupa pituduh, nutadi kuema dicaritakeun..."
"Tah ayeunamah pek gera ngaso, ema rek nirun seuneu. Ke geus rada beurang ema rek ngabejaan mang Odon yen maneh keur gering..."
Poe eta siAling teu kamamana. Leureuh total siga nu embung kaGanggu, wanci manceran kadinya aya nu datang. Hiji mojang nu pakulitanana hideung santen, horeng Nyikania anakna mang odon.
"Kunaon kang alingteh, mbi?"
"Rada teu ngareNah awak cenah..."
"Pantesan ditegal suwung, ukur siabah wungkul nu ngamandian kuda. Gering Naon cenah, mbi?"
"Asup angin siganamah. Awakna Galinggin paranas tiris cenah..."
"Saumur dumelah asa kakarek ngadenge kang aling gering, terus di mana ayeuna?"
"Aya dipangkengna, keur ngarengkol. Embung kamamana?"
nyiKania asup ka jero, kebat kapangkeng kasampak sialing keur ngopi kulub hui..."
"Harrr... Ongkoh gering, tapi tuangmah teu poho gening..."
"Akang sorangan heran..."
"Cenah galingging?"
"Ayeuna henteu..."
NyiKania nyamperkeun, gek diuk gigireunana. Umurna 15 taunan, geus mimiti tembong sieuran. Keur mejehna bijil bulu mayangteh lain sing bibohongan.
"Maneh rek nanahaon kadieu,kania?"
"Kapanan rek ngalongok akang. Bisi kateterusan..."
"Nyaho timana akang gering?"
"Kapanan kamari akang bebeja kanyai magar teu ngarena awak, ayeuna teu datang kategal tangtu aya nanaon..."
"Poe ieu akang hayang leureuh, embung kamamana..."
"Kunyai urang pencetan, nya..."
"Maneh bisa kitu?"
"Nyatangtu bae. Boh abah, boh ema mun menta dipencetanteh tara kasasaha, sok kanyai bae..." siAling cenGkat.
"Rek kamana?"
"Enya dipencetan..."
"Naha make cengkat...?"
"Ulah didieu?"
"Naha...?" nyiania heranen,
"Era ku si ema, bisi boga pikiran nulai-lain..."
"Pikiran nulain-lain kumaha?"
"Maneh tacan ngarti keneh. Urang duaan geus nincak Baleg, beda jeung bareto rek kumaha0kumaha bae oge bebas. Ayeunamah urang kudu bisa Ngajajaga omongan jeung merhatikeun paningali batur..."
"Ah mikiran teuing batur, ari urang teu ngalakukeun naon-naonmah na make jeung sieun..."
"Hhh... Angger sipateh teu robah!"
Bari Ngaleos ninggalkeun nyiKania nu bati kerung. Tapi teu burung nuturkeun, terus guk-gek nababalean awi nu aya dipatengahan.
"Tah lamun didieu rada mernah, dipencetanana oge pasti jongjon...."
Nyikania imut, terus mimiti mencetan bitis sialing. Dipapay palebah uratna, numemang taregang.
"Kang aling apal kebon awi kahuruan?" NyiKamia bari ngajakan ngobrol.
"ENya cenah bejanamah pohara?"
"Harianeun nu dudurukanteh bet sagawayah, Kumaha mun nga rembet kalembur tuluy kaimah..."
"Memangna akibat nu dudurukan, kitu?"
"Nya ari geus kusaha deui, da piraku aya nungahaja ngadurukmah bet asa pamohalan..."
SiAling peureum benta, bangun Nu keur ngararasakeun nikmatna dipencetan.
"Raos, kang?"
"Teu disangka nyai bet bisaan, nyaho kieu unggal poe akang menta dipeuseul..."
"Teu nanaon, nyaimah teu kabeuratan..."
"Nyaan etateh?"
"Hm-gh..."
"Diajar timana meusEul?"
"Aya bae..."
Tuluy mapay kaluhur, bari nyasar urat-uratna nu tarEgang.
"Teu... Teu kudu..."
"Naha jeung tiatadi akang kuluas-kalieus bae, siga nu teuwerat ningali nyai. Nyai paham, jeung janji moal kumawani mandi hareuprun kang aling. Da ceuk sasaha oge memang nyaireh geus gede..."
"Nya sukur
Tiharita manehna beuki ati-ati jeung waspadea. Sakur gerak-gerikna diukur, ulah neupikeun kaaya nu nyahoeun nepi ka diwenangkeun atawa diijinan kunu jadi indungna.
“Kakuatan ema teu nepikeun ka kitu, ngan satiap kamampuan husus ema muncul sok aya panyababna. Tah ayeuna coba pelong iteuk nu aya ditengah lapangan itu, tuluy gunakeun kakluatan maneh pikeun ngadurukna...”
“Tapi kumaha carana?”
“Konsentrasi. Puserkeun pancadria hideup kana eta iteuk, cipta, rasa jeung pikir hijikeun tuluy watek eta kakuatan kana panon maneh...”
“Tapi....”
“Cobaan...”
Sialing nurut, tuluy nyobaan konsentrasi muserkeun sakabeh kamampuanana, nyoba-nyoba ngaluarkeun kakuatan nuaya dina panona. Iteuk ruyung nu aya ditengah lapang dipelong salila-lila, ngan bae anger euweuh kajadian naon-naon.
“Teu bisa ma...”
“Kudu bisa aling. Ulah gampang sumerah, komo kapokmah, hideup kudu keuyeung jeung panteng, Tuluy cobaan neupi kabisana...”
“Nya heug atuh...”
“ku ema didoakeun sing hasil, ayeuna ku ema ditinggalkeun heula...”
“Rek kamana?”
“Aya perlu....”
Geus kitu ratna inten ngaleos, teu ngadago jawaban dinu jadi anakna. Ku sialing tuluy diteuteup neupi kalesna, kahalangan ku rarambu leuweung.
“Hhh...”
“Sialing ngarahuh, tuluy melong iteuk nu jarakna dua tumbakan. Geus kitu manehna nyobaan kosentrasi deui, kajadian basa disisi leuweung kumanehna dicobaan deui. Kukeyeng-keyengna tepikeun ka ngadadak matana panas jeung peurih, tetenjoan ngadadak bureum jeung bareureum teu nyahoeun hihideungna geus robah hebat jadi warna dadu, tepikeun kangadadak kadenge sora nu jorojos sedeng iteuk kai ngadadak hurung lir kalentab seuneu durukan.
“Tah geuning hasil, aling...”
Ratna inten nu memang nenjokeun ti kaanggangan ngagerentes, tuluy nenjokweun anakna nu mimiti ngalatih kakuatan superna nu aya dina panon. Katembong ti aanggangan, mata sialing ngaluarkeun kilatan beureum tebeda leunjeuran beusi ruhay ngaduruk naon bae nu kakenaan.
Tiharita sialing mimiti ngadalikeun, mimiti ngaguinakeun kakuatan panona sakahayang hate. Saperti ngagunakeun kakuatan tanaga lumpat jeung rea-rea deui, tug neupikeun kahasilna taya nu nguciwakeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar