Ajian Raja Kalong
1. Buronan.Sundapura Iasa R. Gimat
H iji Lalaki katembong nangtung luhureun bangbarung, beungeutna tanggah kaluhur neuteup mega hideung nu keur meujeuhna mendung. Angin karasa tiis nebak awakna, nu ngan ukur dilibet kaen katun kasar buatan Cihaurgede. dicalana pokek, make libetan kaen deui palebah cangkengna nu ujungna pating kelebet ditiup angin. Ret katonggoh, tangkal kalapa jeung jambe katembong pating pelenod, geus puguh tangkal muncang jeung randu nu dauna teu payaanmah katembong rabeng lesot dina dahana. Peuting eta angin rada gede, kamari ge sabenerna geus karasa ngan teu tarik kawas ayeuna. Ret deui, siLalakiteh kasasabudeureun imahna, matana gular-giler nitenan tempat-tempat poek siga nu sieun aya jalma sejen nyumput atawa laha loh kaeta tempat.
Sanggeus sidik taya sasaha silalaki nu umurna paling banter kana 25 taun-an teh asup kajero imah, teu poho panto dipeundeutkeun tuluy kadenge ditulakan tijero. Teu gede imah teh tapi leutik oge henteu, nu jelas boh bilikna boh hateupna dijieun tina daun kirey. Ukur panto jande jandelana nurada bedateh, ieumah dijieun tina dahan kai jati, pon kitu deui tihang-tihangna. Sanajan katembong basajan tapi, katingalina kuat tur weweg kolong-kolongna balersih taya jukut atawa tutuwuah nu matak bala.
"Kumaha kakang?"
Kadenge sora awewe tumanya, halimpu matak dedengeeun. Memeh nembalan silalaki diuk heula, panona neuteup nu ngabadan dua nu tayalian ti pamajikanana.
"Aman." Pokna bari ngagiler kana beuteungna nu geus bureuyeung gede, najan kitu ari raraynamah tetep tirus malah katembong beuki cahayaan
"Luyu sareng katangtuan luluhur, kang. Panceg tengah wengi engke, kakuatan ganapurusa abdi baris nyerep ka siUtun inji. Liwat tengah wengi engke, abdi baris jadi istri biasa. Hiji istri nu hengker, nu sagala-galana gumantung kana tindakan kakang.”
"Akang ngartos, rayi."
"Untung langit keur medem, sabab teu sakabehna musuh urang sadar yen kakuatan abdi tos musnah. Jadi...”
“Musuh moal sakama-kama narajang, kitu?”
“Hm-gh... sakurang-kurangna masih segen, utamina ningal abdi.”
Silalaki tungkul bangun kasinggung, memang salila jadi buronan teu bisa dipungkir yen manehna teu weleh aya dina panangtayungan eta awewe, ibarat Widadari nu teu weleh ngajaga Jakatarub nu jadi salakina.
Ningali kitu siAwewe imut bangun surti, “Panceg tengah wengi engke, abdi masrahkeun kana sagala tindakan akang. Nyawa abdi katut siUtun inji, sagemblengna aya dina dampal panangan salira engkang. Numawi sateu acan siJabangbayi gumelar, urang tos kedah gaduh panyumputan anyar, nu paling buni.”
Silalaki tembong ngarahuh bari pokna, “Hampura akang, Rayi. Teu sakedahna rayi sareng budak urang ngalaman nasib saperti kieu, akang...”
Teu kebat basa ramo nu marucukteh antel manten kana biwirna silalaki. Numarucuk lalaunan dirawu ku kadua leungeun, katembong sorot siAwewe mngagenclang nembongkeun kabagjaan.
Sakedapan kaayaan ngadadak simpe, nu kadenge seahna angin luareun imah jeung ting rareketna tatangkalan bangun nu rek raruntuh.
“Sabenerna naon nu bakal kajadian upama langit teu angkeb, rayi?”
“Bulan baris ngaluarkeun cahya ka ungu-unguan, sarta ageungna leuwih timisti. musuh nu uninga kana elmupanarawangan sareng Mandalasastra, baris terang yen ieu disababkeun ku musnahna kakuatan Abdi nu nyerep ka siJabangbayi.”
“Naha budak urang bakal kawas salira?”
Siawewe gigideg, “Kakuatan Ganapurusa rupa-rupa, gumantung kana sipat bawaan siJabangbayi, saperti abdi nu watekna tiis kawas cai. Abdi mampuh marentah jeung ngadalikeun cai, benten deui sareng rama sepuh Jalaujung. Inyana mampuh nerus bumi, malih tiasa marenteh keusik sareng taneuh kebul janten pakarang nu ngabahayakeun pihak lawan.”
Silalaki unggut-unggutan, “Hanjakalna watak luhur sareng kawijaksanaanana, dimanpaatkeun ku pihak musuh dugikeun kaanjeuna kiwari teu walakaya dikurung dipanjara jero beuteung bumi. Oh enya, naha kalemahan sangGanapurusa tiasa diruwat, rayi?”
“Lamun tiasa, tangtos kaum ganapurusa moal musnah tur tumpur. Rama Jalaujung kuanjeun tangtos moal dugi kaditawan pihak musuh...”
Silalaki tembong ngahuleng, sakeudeung neuteup nu bureuyeung sakeudeung deui neuteup rarayna siAwewe siga nu kakara.
“Kunaon kakang?”
“Akang...”
“Wayahna kang,” Ceuk siAwewe nu surti kana kahayang salakina.
SiLalaki unggek lalaunan, sorot matana sayu deui teu ngabebela kawas tadi nu pinuh sumanget birahi.
“Tah, ayeuna geus waktuna abdi nyepen.” Bari cengkat, "Jaga diluar kamar, satungtung abdi can masihan isarat poma ulah lebet, komo dugi kana nganggumah margi tiasa nyilakakeun abdi katut siUtun Inji."
SiLalaki ukur unggeuk, “Rayi tong hariwang, Akang pasti tumut kana sagala ucapan rayi..”
siAwewe imut, geus kitu nyelengok kana pipina siLalaki pinuh ka deudeuh jeung rasa cinta nu pohara. Raray siLalaki tembong euceuy, lamun kongangmah hayang terus ngarangkul tur ngarumrum pamajikanana nu kacirina mangkin pikabitaeun.****
DITEMPAT SEJEN. Bray... ngadadak sapasang mata benta, neuteup bulan nu memang palebah dinyamah eces kalawan jelas. sababaraha jirim nangtung tukangeunana, rajeg bari samakta ku rupa-rupa pakarang sarta tukangennana ngabaris puluhan prajurit lengkep jeung tumbak katut tameng samalah lamun ningal kana lempengan wadja nu naplok palebah dadanamah jelas maranehna mangrupakeiun prajurit-prajurit sunda sakaligus jeung para senapati perangna.
Salarea hiji ge euweuh nu teu tanggah, nolad sang purohita nenjo bulan purnama nu keur kena ku hiji kaganjilan. Kacirina leuwih badag tibiasana ngaluarkeun cahya ungu bari sakulilingenana dilingkung ku cahya koneng kaemasan ngabentuk cincin raksasa.
Beuki lila bulanteh katenjona beuki badag, cahya ungu beuki hebat nyipuh alam sabudeureunana. Nyipuh gunung, nyipuh tatangkalan jeung nyipuh sapasukan prajurit nu harita ting jarannteng bari pinuh ku kawaspadan. Diluhur cincin Raksasa beuki ngagebur ngurilingan bulan nu ganjil tut ajaib.
“Sakeudeung deui...”
Sang Purohiota kadenge ngagerendeng, halisna nu geus bodas oyag-oyagan ditiup angin gunung. Pon kitu deui jubah katut libetan kaen nu ngabungkus awakna, pating kelebet katebak angin nu terus ngaguruh taya kendatna. Sedeng diluhur cahya bulan geus tepi kapuncakna, cincin raksasa nu ngulilinganna mangkin hebat tug ahirna ngagebur hurung matak searab anu pareng nenjokeun.
“Geus waktuna, hayu!”
Sang Purohita ngagerendeng deui, cacap nyarita kitu ngadadak awakna ngabelesat, disusul ku opat jirim sejena, sesana nuturkeun ting deregdeg diantara hawa jeung cahya ungu nu hibar lir balebat.*
Soksanajan panasaran liwat saking, silalaki nguat-nguat maneh pikeun nahan geduran hatena nu hayang nyaho. Naha dijero kamar pamajikannana bet hibar ku cahya ungu, kaluar dina naon eta cahaya naha kaluar dina awak pamajikannana atawa kaluar dina naon? Bari pinuh ku kawaspadaan manehna terus ngadedengekeun kaayaan disabudeurunana, kadenge aya sababaraha lengkah suku pating keteyep ngadeukeutan imahna. Najan kitu, manehna tetep tagen dina tangtunganna teu wani ninggalkeun eta imah najan salengkah.
Bareng jeung ting rarandegna lengkah suku, ngadadak nuhibar di dijero kamar pareum. bareung jeung hatena nu karasa ngemplong, kadenge siAwewe ngagentraan manehna nitah asup. Satengah luncat silalaki muru, nyingkabkeun kaen terus asup ngalongok nu jadi pamajikannana.
Breh, pamajikanana keur diuk semu lungse, rarayna pias semu sepa najan kitu teu ngurangan kana kageulisanana. Harita oge katembong biwirna ngarenyu ngawangun imut.
"Rayi..." Silalaki ngagero lirih, hariwang ningal paroman geureuhna bangun nu payah. Padahal salila ieu boro-boro kitu, ningali muringis oge manehna tacan kungsi.
"Kang... kiwari kakuatan abdi tos raib.”
“Hm-gh...”
“Abdi kiwari tos janten istri biasa.”
“Hm-gh...” ceuk siLalaki deui bari imut.
"Budak urang lalaki."
"Hhh! Tapi kapanan budak urang can lahir, apal timana?"
"Eta rusiah kaum abdi, kang. Janten ulah...”
Ngadadak siLalaki ngantelkeun curukna kana biwir.
“Aya naon?”
Memeh siLalaki nembalan ngadadak bilik imah aya nungajebol, disusul ku blas-blusna sababaraha jirim asup kajero imah. Puuhhh... kalawan kesit, silalaki niup ancog. Disusul ku leungeuna nu ngadadak meta nimpugkeun jarum demit dina saku bajuna. kadenge sada nu ting peletuk lir tutup botol dibuka, sababaraha jirim ting jarungkel bari teu sempet ngagero teu sempet apal pakarang demit naon nu geus ngalantarankeun jiwana ngalayang.
"Hi,hi,hi...ngadadak diluar kadenge sada nu seri ngagikgik matak kukurayeun, patembalan jeung sora anu ngehkey kapapanjangan.
“Iblis Kembar tigunung lawu datang, leuwih hade rayi nyumput didieu. Eta dua kolot najan sipatna aneh tapi jeung pihak urang masih kaitung hade.”
“Tujuan manehna keukeuh hayang ngangkat murid ka budak urang, jadi sabisa-bisa kakang ulah nepikeun ka ribut jeung maranehna.”
“Urang tingal bae kumaha situasina.”
“Hmm...”
SiLalaki cengkat, laju kaluar ngaliwatan panto hareup. Breh dua jirim nangtung hareupeun pakarangan imahna, teu jauh titangkal soka nu ngajajar. Awewe jeung lalaki bari pada-pada geus kolot, umurna sulit diukur naha sabara puluh taunan? nujelas duanana ge geus kalolot kacida kulitna ge geus pareot, ibarat tangkal nu dahan jeung dauna ngarangas.
“Mana siRatna inten?” Ceuk siNini bari mureleng.
“Aya, tapi bojo kuring keur gering. Jadi teu bisa nepungan aki jeung nini duaan.”
“Kami ukur hayang mastikeun yen orokna salamet,” siLalaki kerung.
“Bener tujuan kami teu jahat, ukur hayang mulung murid anak sampean.”
“Hatur nuhun ku perhatosannana eyang sepuh duaan, tapi urusan jaga kumaha jaga bae.” ceuk siLalaki bari sungkem.
“He,he,he... perlu dikanyahokeun, Angkawijaya. Kakuatan kami baris cocok diwaris-keun kasiJabangbayi turunan andika. Ceuk wangsit nu katarima ukur orok anjeun nu ngajodo jeung elmu-elmu kadigjayaan kami.”
“Numatak...” ceuk sinini nyambungan deui, “Ngahaja jauh-jauh kami turun gunung, melaan ngagugurkeun tapa brata dipuncak gununglawu, nyaeta pikeun ngajemput orok sampean. Nu maksud jeun tujuannana euweuh deui, nyaeta pikeun dijieun murid nu kahiji sakaligus pamungkas! He,he,he... naha andika teu kaberatan, lamun orok sampean ku kami dijieun murid?”
“Tadi kuring tas nyarita, urusan jaga nya jaga bae. Sabab kiwari budak can gumelar, kuring mihareup nini katut aki masing sabar...”
“Lain kitu Angkawijaya,” Beungeut siNini mimiti kucem. “Nini nyaho, kakuatan Ganapurusa siRatna inten geus musnah, sedeng waktu kiwari andika duaan keur diudag-udag ku pihak pamarentahan, utamana andika Angkawijaya. Jadi masrahkeun siRatna inten kaleungeun kami, eta tindakan nu kacida wijaksanana.”
Nudisambung ku siAki, “Masrahkeun siRatnainten kakami baris aman, singsaha bae oge moal aya bakal ngahurubiruna kaasup urang Rajapura.”
SiLalaki nu nelah Angkawijaya ngarahuh, lamun dipikir saliwat memang niat KiRagalemes jeung nini Ragaarum kacida hadena, tapi manehna sadar eta dua kolot boga sipat aneh tur angin-anginan, kadang-kadang tindakanana kawas dewa kadang-kadang deui teu beda tiiblis bolongkotan utamana dina cara nyampurnakeun elmu kadigjayaannana. Maranehna tara asa-asa ngorbankeun nyawa jalma sejen, asal tujuan katut cita-citala laksana.
“Kumaha Angkawijaya?” ceuk Nini mimiti teu sabar, “Kiwari sapasukan prajurit keur muru kalebah didieu. Jumlahna teu kaitung, nu jelas pasukan panah katut jamparing geus sayaga pikeun nindak anjeun. Lamun andika telat nyokot tindakan, bisa-bisa urusan tambah barabe, kami duaan can tangtu bisa nulungan Andika. Sabab diantarana aya hiji Wiku linuwih nu andika sorangan pasti geus apal.”
“Naha Maksud nini Sang Purohita karajaan?”
“He,he,he... mun lain manehna saha deui?
Beungeut Angkawijaya katembong robah, upama ucapan sinini bener geus bisa dipastikeun nasib naon nu bakal tumiba. Nutong boroning manusa biasa saperti manehna, dalah sabangsa kinara (Manusa satengah siLuman) Kalananta (Manusa satengah oray), nyanghareupan eta Wiku geus bisa dipastikeun nasibna bakal apes.
“Meugeus teu kudu loba mikir.” KiRagalemes milu mangaruhan, “Dimana ayeuna pamajikan anjeun? Naha dijero imah?”
Sanajan Angkawijaya teu nembalan, tapi dina gerak awak jeung gilerna panon geus bisa dibaca yen memang Angkawijaya ngaenyakeun. SiKembar Tigunung Lawu silih reret, ibaratat sajiwa kiragalemes ngolesad rek muru kajero imah. Tapi karek oge salengkah, ngadadak hiji jirim ngajorelat teu beda ti sagulung haseup kabawa angin.
“Jagad Dewa bhatara...”
Pokna bari ngarapetkeun kadua leungeun hareupeun dadana. Hiji kolot nu umurna uzur kacida geus nangtung hareupeun siKembar tiGunung lawu. Buuk jeung kumisna geus barodas kabeh, pon kitu deui halis jeung jangotna pada-pada geus makplak lir benang kapas.
“Ragasuci...” Meh bareng nu duaan ngagerendeng, sidik karagetnateh masing-masing beungeutna langsung rarobah hebat.
“Leuwih hade paniatan andika duaan gugurkeun.”
Pokna tenang, panona tetep peureum. Jubah katut libetan kaen dina cangkengna pating alulang katebak angin.
“Memangna kaula boga niat naon, Ragasuci?”
“Jagat dewa bahtara... naha perlu ku kaula diterangkeun?”
“Hi,hi,hi...” ngadadak sinini seuri mani melengking. “Naha salah lamun kaula ngangkat murid.”
“Andika duaan geus dikutuk! mo boga turunan atawa murid. Mun kutukan andika dilanggar, geus bisa dibayangkeun naon nu bakal kajadian jaga mangsa datang.”
“Naon kira-kirana nu bakal kajadian?”
“Andika duaan ieu kembar, adi-lanceuk, saindung-sabapa tapi andika ngahiji loyogna salaki pamajikan, eta nu geu ngalantarankeun kutukan guru andika kaluar.”
“Tapi naha salah cinta-asih sumanding diantra kami duaan? Kacinta jeung kaasih anugerah Sanghyangwidhi. Lamun andika nyalahkeun hartina andika geus nyalahkeun nu nganugrahan eta cinta asih.”
“Hukum jeung aturan diciptakeun keur kahadean manusa keneh, dina ajaran kami kawin jeung dulur sagetih diharamkeun. Mun dilanggar tangtu baris menang akibatna. Diantarana lamun boga turunan kulitna baris burik teu beda tisisit naga, sipatna bakal culas jeung kejem akibat dikucilkeun batur. Malah guru andika nambahkeun kutukan, lamun andika mulung murid, jaga siMurid baris ngadatangkeun bancana keur sakumna umat manusa. Jadi samemeh kajadian nu teu dipalar tumiba, leuwih hade nyegahna leuwih tiheula.”
SiIblis Kembar tigununglawu tingagrikgik seuri, “Ucapan para whiku memang teu weleh perceka. Tapi ceuk pangdeuleu kaula, asa geus teu pantes Wiku nu ngakukeun geus tepi katahapan Nirawerah masih milu campur urasan dunya brana, lain kitu Angkawijaya?”
ceuk siNini ditungtungan ku ngaleret ka Angkwijaya, sedeng nu dileretna balem teu nembalan, malah kadenge nu nembalan kiRagalemes.
“Tangtu bener nini, sok komo cenah sakeudeung deui inyana bakal cunduk kana tahapan Satmata (Kasampurnaan), hhh... bener-bener hese dipercaya lamun manehna masih ngurusanan dunya phana. Lamun taya maksud jeung tujuan sejen, can tangtu manehna jengkar ninggalkeun kuil suci.”
Bray... mata Sang Ragasuci ngadadak benta, tapi tina paromannana tetep tenang teu ngagambarkeun parasaan naon-naon. Ngan ebreh sorot matana moncorong teu beda timata singa pinuh wibawa tur pangadiwasa.
Samemeh kiRagasuci nyoara deui, ngadadak opat jirim ting kolebat nyampeuk. Terus rajeg tukangen sang whiku Ragasuci, masing-masing awakna daredeg, beungeut-na karereng sarta masing-masing sirahna digelang beusi ciri mandiri yen maranehna mangrupakeun parasenapti perang karajaan sunda. Sok sanajan maranehna teu wani nyoara, tapi ebreh masing-masing matana ting pureleng kapalebah Angka-wijaya nangtung.
“He,he,he...” kiRagalemes ngehkeh seuri, “Rupana andika oge masih karooh ku hadiah, Ragasuci?”
“Antara kaula jeung ieu parasenapati beda maksud jeung tujuan. Kaula ukur rek nyegah sangkan anjeun teu mawa nyiRatnainten, sedeng ieu parasenapati jelas ngalaksanakeun tugas nagara nyatana nyangkalak buronan pamarentahan. Naha geus jelas?”
“Terus lamun siRatnainten geus lepas dina leungeun kami duaann naha rek terus dibawa kuandika?”
“Tangtu bae, ieu pikeun ngajaga kasalametanana hususna tina pangganggu jalma-jalma model andika duaan.”
“Naha yakin tujuan andika saukur hayang nangtayungannana?”
Ceuk siNiniragaarum tandes tur daria, matana ngadadak seukeut bangun nu hayang sidik kana jeroan eusi hate eta sang purohita.
“Tangtu bae, memangna kami masih boga tujuan naon?”
“Hi,hi,hi...” siNini Ragaarum seuri melengking, ditembal ku ngehkeyna siAki bangun nu ni’mat kacida. Mun sikep kiRagasuci tetep tenang, sabalikna para senapati karajaan katembong masing-masing awakna ngagidir, huntuna kumerot sigana lamun teu buru-buru dihuit aya bahan langsung ting jorelat ngayakeun serangan hebat.
“Lamun kitu jelas, Andika masih can bisa nglepaskeun kadunyaan. Hartina andika sia-sia tapa brata dikuil pikeun ningkatkeun kaagamaan katahapan Nirawerah. Buktina andika masih sumput salindung, masih keneh sok ngabohong babalikanan kami ngomong saujratna.”
“Jagat dewabatara, naha palebah mana kami ngabohong? coba kuandika terang-keun Raga Arum...”
“Lamun kitu dengekeun kuandika Angkawijaya jeung Heh, opat anjing karajaan Sunda.” Ceuk siNni Ragarum bari rut-ret ka Angkawijaya jeung kaopat Senapati perang karajaan. “Sabenerna tujuan siRagasuci lain hayang ngabantu karajaan atawa nyegah kami ngangkat murid, tapi manehna oge mikahayang Jabangbayi nu aya dina kandung-an siRatnainten.”
“Lamun kitu kuring baris masrahkeunna kalawan sukarela, babalikanan ku andika...”
“Hi,hi,hi... dasar silaingmah otak kebo, bolostrong euweuh kanyaho. Reungeukeun ku silaing, Angkawijaya! Maksud siRagasuci nangtayungan siRatnainten pikeun dicokot budakna, sarta lain rek dijadikeun murid cara kami. Tapi rek dijieun parepeh sangkan hirupna abadi, mo ka jamah kumalakal maut!”
“Jagat dewa batara! Omongan andika bener-bener jahat, naha ieu tuduhanteh lain sabalikna?”
“Hi,hi,hi... baju kami memang baju jahat. Tapi nu leuwih jahat, nu bajuna katingalina suci turta bersih! Hi,hi,hi... lain kitu, Ragalemes?”
“Bener!” bari terus ngehkey, bangun seeleun.
Ngadadak kadenge sada urat nu pating derekdek, basa Opat sepati ngerahkeun masing-masing tanaga lapisannana pikeun ngagempur eta dua siluman nu dianggap nyacampah purohita karajaan. Tapi deui-deui sang purohita nyegah bari pokna.
“Leuwih hade laksanakeun tugas andika opatan, ieu dua siluman pasrahkeun bae kakaula.”
Nu opatan teu wani baha, sanggeus sungkem terus jlung-jleng kahareupeun Angkawijaya. Dua deui asup kajero imah, maksudna jelas rek nyangkalak Ratnainten.
“Hi,hi,hi... ayeuna silaing pasti percaya, Angkawijaya. SiRagasuci pasti mikahayang getihna budak anjeun pikeun dipake parepeh elmu kajayaannana. Hi,hi,hi...”
Ngadenge kitu, jeroeun hate Angkawijaya memang aya rasa kahariwang nu pohara, omongan siNini Ragaarum gede pisan pangaruhna. Tapi rek nyegah teu bisa, puguh manehna sorangan geus dipegat ku kiDurbalapati jeung Anggadaseta.
Bulan nu tadi ganjil kiwari geus biasa deui, boh cahayana boh gedena geus biasa cara sasari. Sababaraha jirim katembong rajeg bari adu hareupean. kiRagasuci nyang-hareupan SiIblis Kembar ti Gunung Lawu, Angkawijaya nyanghareupan dua senapati perang Durgalapati jeung Anggadaseta. Malah kadenge Durgalapati nyarita.
“Leuwih hade Andika serah bongkokan, Jaya.” pokna bari jeung mureleng.
“Hhh! naha ieu minangka pamulang tarima sanggeus sampean dibantu tur digedekeun dikapurian Wikramajaya?”
“Tileuleutik tug nincak dewasa, urang memang mangrupakeun batur sapang-ulinan. Ngojay ditalaga bareng, buburu kaleuweung bareng. Malah diajar gelut jeung silat oge teu weleh bareng. Tug nepi ka kami diangkat jadi senapati, memang teu lepas tina jasa sampean sakulawadet. Tapi tugas nagara teu bisa dicampur adukeun. Tugas nya tugas, jasa-nya jasa.”
Angkawijaya seri koneng, terus ngagiler ka Anggadaseta nu memang pada-pada digedekeun bareng dikomplek kapurian nujadi bapana (Wikramajaya).
“Angkawijaya!” Kadenge Anggadaseta milu cumarita, “Kaula nyaho anjeun lain jalma jahat, nu tong boroning mergasa jalma, ceuk paribasanamah aya sireum ngaliwat oge ku anjeun teu weleh disingkirkeun ngarah teu katincak.”
“Lamun nyaho kitu, naha atuh terus ngaburu kaula nu teu tuah teu dosa?”
“Ieu tugas. Kaula sakabeh ukur ngemban tugas ti gusti prabu, sangkan ngaringkus anjeun boh paehna boh hirupna.”
“Hhh!” Angkawijaya ngabab, sajorelat matana silalatuan waktu ngaran sang Prabu disebut. Rek teu kitu kumaha, sabab hampir sakabeh kulawargana binasa. Timimiti lanceuk-lanceukna, adi-adina malah para selir jeung badegana oge taya nu luput tina eta hukuman maut. Hiji-hiji nu buron dicangkalak, nu ngalawan dibinasakeun ditempat eta keneh.
“Perlu dikanyahokeun Angkawijaya, kiwari sang prabu Darmaraja tas lengser keprabon. Hartina hukuman gantung bisa dicabut, sakurang-kurangna bisa diparingan. Asal andika daek tunduk, kami wani ngajamin andika pasti lolos tina hukuman maut...”
“Hhhh! Pikeun siAngkawijaya cadu lamun kudu serahbongkokan. Leuwih hade ajur tutumpuran ditempat ieu keneh.”
Tembal Angkawijaya tandes malah katembong ngalugas gobang (pedang) na, nu salawasna teu weleh ngagantung palebah cangkengna.
“Angkawijaya!” ceuk Durgalapati heras, “Perlu dikanyahokeun, salila ieu sabenerna boh tina ngadu silat, ngadu sastra pon kitu deui ngadu siasat. Kaula duaan teu weleh ngarendah malar andika menang turta senang.”
“Ha,ha,ha...” Angkawijaya seuri sinis, “Memangna kaula teu nyaho kana sikep anjeun nu teu weleh lalamot? Memangna salila eta kaula pecak? Henteu deuleu, kaula geus nyaho kana sagala-galana. Numatak dina sagala widang kaula dibere jeung dilatih leuwih tibatan andika duaan...”
“Hhhh! Lamun kitu carana urang tingali, saha sabenerna nu leuwih unggul tur tangguh dina sagala-galana.”
“Tangtu kaula!”
“Sreng! Sreng!”
Kadenge sora gobang nu dipesat dina masing-masing cangkengna Durgalapati jeung Durgalseta tapi samemeh bitotama bener-bener kajadian hawar-hawar kadenge sada nu ngaguruh. Teu lila kaeta tempat geus rabul ratusan prajurit bari samakta kupakarang. Barisan pamburu, saperti anjing palacak, dadali jeung panyumpit ngabaris panghareupna. Ditema kubarisan kadua nyaeta panah, ditumbu ku tumbak katut gobang. Malah pasukan Jala, dadung jeung eurad katut cangkalak oge ngadedel minuhan sakuliah eta patempatan. Ukur sakedapan Angkawijaya katut siKembar tigununglawu geus dikepung wakul buhaya mangap, taya lolongkrang pikeun ngejat.
Ngagebeg Angkawijaya, sabab pamepeling siIblis Kembar tigunung Lawuteh kabuktian. Pasukan nu cukup badag geus disiapkeun pikeun nyangkalak manehna, boh paehna boh hirupna sakumaha parentah ti kanjeng Prabulanglangbumi.
Keur kitu ngadadak kadenge sora nu ngagikgik, beki lila beuki tarik melengking saolah-olah rek ngabencarkeun masing-masing ceuli nu araya didinya.
“Hi,hi,hi... Hi,hi,hi...!!”
“Kiwari andika percaya, Angkawijaya?” kiRagalemes cumarita, aneh puguh ge sabab sorana bisa eces dina melengkingna sora sinini. Padahal waktu harita, ceulina asa disebit kekendangana siga dirojokan jarum tina beusi.
Angkawijaya tong boroning bisa nembalan, nahan ngajeletitna ceuli dina serangan seuri sinini ge meh-mehan kalenger. Untung pikeun manehna geus nyangking hawa murni cukup kuat, ngalantarankeun kekendangannana masih bisa kalapisanan teu langsung kena. Orokaya pikeun para prajurit nu hadir dieta patempatan dina radius 7 tumbakan maranehna langsung gempar bari nungkupan masing-masing ceulina nu ngajeletit nyeri. Sakeudeung deui upama terus diantep, masing-masing ceulina aya bahan totos ancur kekendangannana alhasil sakeudeung deui tangtu maranehna baris kaleungitan indria pangrunguna.
“Jagat Dewa bhatara! Dimana-mana elmu siluman teu weleh rosa, eureunkeun kabiadaban andika Raga Arum!”
Sang Whiku ngagerendeng sarta teu kanyahoan ngagerakkeun kadua sukuna, nyaho-nyaho awakna geus ngajorelat nyamber siNini Ragaarum. Tapi samemeh tepi, kiraga lemes megatan bari mapag kutusukan curuk kenca katuhuna pasusul-susul.
“Beuss! Beuss!”
kadenge sora nu ting jareos, lir beusi panas dianclomkeun kana cai. KiRagasuci mundur, sedeng kiRagalemes mental deui katukang. Seri siNini beuki melengking, meh tepi kadetik-detik nu bahaya pikeun pasukan nu araya didinya. Kapaksa kiRagasuci ngaluarkeun elmu simpenannana, nyaeta kincir maruta. Tasbehna diputerkeun tepikeun ka nngaluarkeun sora nu ngadengung lir bangbara, beuki lila beuki tarik nindihan sora seuri sinini nu terus iirihilan siga nu taya kacape. Tumerapna kanu araya didinya, langsung adem, ibarat nu keur kapanasan manggih tempat anu iuh. Lalaunan para prajuritteh harudang, terus siaga deui tina barisannna masing-masing.
“Ragalemes! Kunaon siateh kalah ngajedog, gentak serang siragasuci ngarah nu araya didieu bararonge kabeh.”
kiRagaleles teu nembalan, tapi katembong ramo-ramona digerakeun dikebutkeun kapalebah eyang Ragasuci.
“Burisaatt...!” sababaraha titik sinar nyamber, ting gurilap katojo kucahya bulan nu keur moncorong. Sang Ragasuci mundur, laju ngarapetkeun kadua dampal leungeuna hareupeun dada, sedeng Tanaga Sakti Inti Es dikerahkeun. Dadak sakala Kabut langsung beku, terus robah jadi tameng bodas ngalimpudan awakna.
“Tring-ting-ting-ting!!!”
Kadenge sora nu kumarincing lir dawai kacapi dipetik sakaligus, serangan demit kiRagalemes hasil ditolak. Sawareh naranceb dina kabut beku nu mulen sang Ragasuci, basa sang ragasuci ngadorongkeun dampal leungeun kencana, sikabut sakaligus jarum demitna langsung mawur ngahujanan kiRagalemes jeung siNiniraga arum.
Mun siNinimah kontyan ngeureunkeun seurina, sabalikna kiRagalemes ngajauh kaluhur teu beda ti manuk. “Wusss... Paralak...!!” kadenge sora nu seah tur maralak, basa serangan balik kiRagasuci teu keuna kana sasaran. ukur nembus dahan jeung tatangkalan nu kontan karancang katembus kukakuatan sang Purohita. Saterusna tilu jirim pating kolebat silih serang, nimbulkeun sora nu seah ngaguruh matak keueung.
“Jleng-jleng...!”
kiDurbalapati jeung Anggadaseta laluncatan, masing-masing gobangna pating gurilap rek nusuk jeung nyabet cangkeng Angkawijaya.
“Trang! Trang!” langsung dipapag ku dua takisan nu pasusul-susul, metakeun elmu Lengkah baraja ajaran ti tunggal saguru. Keumbang seuneu buburicakan, dua jirim malundur eleh tanaga. Durbalapati jeung Anggadasta kaget, teu sangka Angkawijaya boga tanaga nu leuwih badag batan maranehna. Ngan tangtu bae sabisa-bisa kakagetna disidem, malah duanana oge langsung sayaga deui tina pasangannana masing-masing.
“Andika pasti karaget, tapi bakal leuwih kaget deui ku serangan susulan kaula ieu. Hiaaahhh....!!!”
Angkawijaya nyorowok, bari langsung ngaluarkeun jurus baruntun. Jurus tusukan, sabetan katut turihan dipetakeun dina gerakan nu kacida kesit tur ngandung tanaga hebat. Nuduaan mundur, teu wani nakis sabab inggis kuserangan susulan nu saterusna. Tapi beuki mundur, duanana beuki kadesek gerakan gobang Angkawijaya mangkin gencar tur mawur ibarat hujan silantang ngaguyur masing-masing awakna.
“Trang! Trang! Trang...!!” sababaraha kali masing-masing pakarangna pabentar kusabab taya dangka pikeun ngejat, nuduaan tamba kaget tingkat pangabisa Angka-wijaya bener-bener diluar dugaanana. Geus teu bisa disumput-sumput deui ayeunamah katembong masing-masing beungeutna mimiti diancikan ku kahariwang nu pohara, malah sidik kesang sagede-gede kacang kadele renung dina tarangna.
Sejen nu kadesek sejen deui nu ngadesek, disejen pihak sabalikna kiRagasuci hasil ngadeseh siKembar tigununglawu. Ieu teu lepas tina kasaktian Sangragasuci, sabab inyana mampuh ngamanpatkeun sakur-sakur barang nu aya disabudeureunnana. Kaasup cika-cika laron nu harurung disabudeureunana, kusakali ngibaskeun jubah laron langsung mawur deui-deui ngahujanan awak sikembar.
“Tak! Tak!” Diantarana aya nu kena, masing-masing kana harigu katuhuna nu hiji deui kana tarang kiRaga lemes nu kontan bolong. Kiragalemes ngadangheuak, tuluy nangkarak sedeng nini Ragaarum nubruk tangkal terus pepelengkingan nahan kanyeri. Harigu kencana bolong ngucurkeun getih seger, sedeng kiRagalemes teu usik deui.
“Jagat dewa bhatara, teu sangka leungeun kami baloboran geutih deui.”
KiRagaSuci ngagerendeng bari ngarapetkeun leungeun. Sinini Ragaarum jajarigjegan nangtung, getih tuluy ngaleuy, sukuna ngalengkah ngadeukeutan kembaranana nu geus binasa.
“Leuwih hade andika buru-buru tobat, Ragaarum. Sakeudeung deui malakal maut pasti ngajemput. Jagat dewa Bhatara...”
SangWhiku Ragasuci ngagerendeng bari tungkul, paromana alum bangun nu hanjakal geus mergasa kiRagalemes.
“Uaaakkkh...”
siNini Ragaarum utah getih, tuluy nambru teu jauh ti layon kembarannana. Tapi diluar dugaan, manehna mampuh nguniang hudang. Beungeutna sepa, huntuna kume-rot bari ngerahkeun tanaga pamungkas ngalengkahan jasad kembarannana.
Gebru, nambru. Terus mulan bari kekejet, ceklek! ngalepaskeun nyawa. Awakna cicing teu usik deui. Tapi matak kaget nu nyaksian, meh bareng jeung palastrana siNini Ragaarum, ngadadak kiRagalemes ngabentakeun panona, terus gigisik bangun nululungu.
Ret, kakembarannana nu geus ngajampana bugang. Korejat hudang, terus ngadeukeutan malah terus dilengkahan cara tadi manehna. Aneh bin ajaib siNini ngadadak hudang bari jeung rucang-riceng bangun lulungu, teu lila ngagikgik seuri ditema ku ngehkehna kiRagalemes. Nu nyaksian kumecrek, hemeng ku kaahengan ieu dua kolot. Nu bisa lolos dina ranggeman malaekat maut.
Samemeh Sang Purohita batindak deui ngadadak dua jirim ting pelentung kajomantara, masing-masing jempol sukuna eunteup tina dangdaunan terus melesat lumpat ngerahkeun sirna bobotna nu geus tepi kapuncakna.
Hawa-hawar masih kadenge seuri jeung susumbarna. Matak muringkak bulu punduk.
---‘Hi,hi,hi... Pileuleuyan Ragasuci! Sapu nyere pegat simpay, paturay patepubng deui. Hi,hi,hi...!’---
“Jagat dewa bhatara, elmu siluman memang teu weleh aneh.”
Sang Purohita ukur ngagegerendeng bari ngarapetkeun kadua dampal leungeuna hareupeun dadana.***
Disejen pihak Ratna inten nu hasil ngalolos teu bisa lumpat gancang, salian ti manehna geus jadi jalma biasa, tapi oge ku sabab beuteungna nu geus bureuyeung gede ngalantarankeun lengkah sukuna jadi berat. Teu aneh kira-kira sapal jauhna manehna geus kasusul kudua sepapati karajaan, nu katembong pating jorelat bari ngajega megat jajalanennana.
“Leuwih hade andika serah bongkokan, Ratnainten.”
Ceuk nu beungeutna pinuh ku brewok kasar, bari neuteup seukeut kaRatnainten. Ratna inten mundur, napasna ngahegak dadana nu montok turun naek. Kesangna nyorolok saluar awak nepikeun ka kulitna herang lir mandi minyak, sawareh renung palebah tarang katut palipisanana.
“Damar Wulung! Naha anjeun teu kapok? Lamun niat sababaraha waktu kaliwat, bisa bae andika binasa kakeueum ku cai titahan kami.”
“Ha,ha,ha... sakuduna andika ngalakukeunnana.” Ceuk siBrewok nu boga ngaran Damar wulung. Rarayna tetep tiis, matana liar jojorelatan nyapu awak Ratnainten.
Muriding bulu punduk Ratnainten, eta teuteupan geus lain ngandung kabengisan wungkul, tapi geus kaancikan ku napsu birahi. Teu sadar sukuna mundur, hihideung panona ngagiler kanu hiji deui nu beungeutna kaku lir kedok rautaneun. Katelahna Ranggadenawa, awakna halughug jangkung amper dua meteran. Ratnainten kungsi nyaksian ieu jalma diadukeun jeung banteng, jogol silih piting jeung silih sered nu dipungkas ku remukna beuheung banteng ku pitingan leungeuna.
“Ranggadenawa, anjeun kungsi ditulungan nalika kabawa palid. Itung-itung males budi, lepaskeun kuring.”
“Ha,ha,ha...” Nu nembalan justru kiDamar Wulung, sedeng kiRanggadenawa tetep cicing pon kitu deui rarayna tetep kaku teu nembongkeun reaksi naon-naon. “Ratnainten, dengekeun! pikeun kiRanggadenawa antara budi jeung tugas mo bisa dihijikeun. Pon kitu deui kami jeung senapati-senapati liana, tugas nagara tetep nomer hiji.”
“Kuring teu nyarita kaanjeun!” bari jebi. “Kirangga, sing boga rasa rumasa. Lepaskeun kuring.”
KiRanggadenawa gigideg, disambut ku ngagakgakna kiDamar wulung. Sukuna maju deui kahareup, geus siap ngariangkus Ratnainten. Tapi kiRanggadenawa bagerak maneten, sajorelat geus manggul Ratnainten nu kontan kaget bari adug-adugan hayang lepas.
“Ha,ha,ha...” kiDamarwulung nyengserikeun, terus nuturkeun bari mureleng kanu keur dipanggul, utamana kanu bitis nu kokolenyayan. Najan enya boga hasrat kuat tapi hareupeun kiRanggadenawamah manehna teu wani kurang ajar. Tapi batina manghanjlukeun ku nasib ieu awewe sabab moal lila deui nasibna baris tamat tina tihang panggantungan.***
Guriang tujuh
“Ranggadenawa, lepaskeun! Lepaskeun...!”
Ceuk Ratnainten sukuna totojer, sampingna teu nyingsat-nyingsat tepikeun ka kiDamarwulung nu ngawaskeun beuki molotot kabita. Tapi deui-deui hasratna diteleg atah-atah, basa ningali pangawakan kiRanggadenawa nu sakitu hulughug tur kekerna.
Sedeng ditonggoh kadenge sada nu ayeuh-ayeuhan, malah katembong haseup hideung ngelun kaluhur siga aya imah nu keur kahuruan. Hate Ratnainten beuki kebat-kebit, ras inget kanu jadi salakina teuing kumaha nasibna.
Samemeh ieu dua senapati anjog katempat nu dituju, ngadadak dihareup aya nu ngaguruh disusul ku ngagulutukna batu meh sagede-gede dingkul rek ninggang awak kiRangga denawa.
“Damar, tewak!” bari ngalungkeun awak Ratnainten katukang, kalawan tapis kiDamarwulung nyanggap awewe nu keur diimpling-implengna. Puguh bae kacida atohna, tapi oge kaget sabab jalan nu keur disorangna ujug-ujug hujan batu.
“Blug! Blug! Blug!”
Kadenge sada nu pating gareblug, basa kiRanggadenawa nyanggap batu nu pangheulana. Terus dipake tameng, nahan batu-batu cadas nu terus murudul datangna titonggoh. Batu nu katakis bencar sawareh kapengparkeun, terus ting gulutuk kalan-deuh.
Teu lila reg, hujan batu eureun. kiRanggadenawa ngarenghap, kesangna tepikeun ka ngucur saluar awak. Dampal leungeuna lalecet, ramo-ramona tepikeun ka ngaluar-keun getih. Hatena banget nya ku panasaran ka jalma nu geus kumawani ngalung-ngalungkeun batu kamanehna duaan, padahal ditonggoh ratusan prajurit keur meujeuhna ayeuh-ayeuhan.
“Setan! Saha cenah nu kumawani ngoconan kieu?” Pokna, “Damar, hayu...!”
Ceuk kiRanggadenawa bari kekerot, sedengkeun sukuna ngalengkah muru ka mumunggang. KiDamarwulung nuturkeun bari manggul Ratnainten nu geus taya daya, sabab tadi oge langsung ditotok urat palunglumpuhanna.
Barang tepi kamumunggang, teu kira-kira nuduaan ting rarenjagna. Sabab tidinya geus rajeg tujuh urang jalma, nu matak kaget masing-masing awakna jarangkung gede, baluligir ukur dicarawet tina kulumud kai. Palebah beuheungna dikangkalung, nudijieuna tina susunan tangkorek manusa, kacirina serem matak pikagilaeun.
Awak kiRnggadenawa sabenerna geus jangkung gede, tapi dibandingkeun jeung eta tujuh urang jalma masih keneh eleh jauh. Ukuran eta jalma bener-bener luar biasa, lamun diukur moal kurang ti dua meteran. Malah kadenge hiji diantarana aya nu cumarita.
“Aka, naha bener ieu?”
“Tangtu bener, sabab salila ieu pangangse uing tara nyalahan.”
“Aneh kunaon nyiRatnainten dipapanggul?”
“Nuleuwih aneh nu mangulna lain salakina.”
Ditempas kunu sejena, “Aka wawuh teu, kanu manggulna?”
“Henteu. Ngan tangtu manehna jalma jahat.”
“Nyaho timana jalma jahat, ka?”
“Sabab lamun jalma bener nyiRatnainten moal dipapanggul, paling nuturkeun cara kasalakina..”
“Enya oge, nyah...”
Nujutuhan silih tempas bari masing-masing panonamah ting pureleng ka KiDamarwulung jeung kiRanggadenawa.
“Kisilah! Diantara urang jeung urang estuning taya dendam naon-naon. Tapi kunaon karek panggih geus nyieun kaributan?”
“Tuh, pan bener pasti manehna jalma jahat, adi. Lamun jalma bener, piraku poporongos nyarita.” Ceuk pangjeblehna. Ditempas ku siIrung nambru,
“Wah, eta can ngajamin, aka kadua.”
“Bener, eta can bisa nuduhkeun manehna jalma jahat.”
“Jempe!” kiRanggadenawa ngahaok, “Jalma jahatmah silaing tujuhan!”
“Naha?”
“Enya, naha?”
Nutujuhan siga budak raeng silih tanya jeung baturna.
“Sabab lamun jalma bener, moal daek murag-muragkeun batu kalandeh. Untung teu ninggang ka kami tiluan, lamun ninggang kami tiluan pasti binasa kaasup nyi-Ratnainten, kaharti?”
Nutujuhan katembong tinggarebeg, malah nu pakulitannana ungu kawas hui boled nyarita.
“Bener. Bener pisan, wah kaduhung uing ngagugu kana usul siMurca.”
“Enya kaduhung uing ge,”
“Tong nyalahkeun kauing, Adi. Uingmah ukur usul, nu kudu disalahkeun mah siKalanyendol, sawab sieta nupangheulana ngarempagkeun gawir cadasteh. Jadi nya siKalanyendol nu jahatnamah.” Bari nunjuk kanu tarangna bonconong teu beda ti tarang semar.
“Jeehh... naha bet uing?”
“Sawab maneh nu pangheulana ngarempagkeun cadas,”
“Tapi mun uing teu dipapaksamah uing ge moal ngarempagkeun.” Ceuk siKalanyendol cumalimba, “Pokona uingmah teu jahat, uingmah pangbontotna sagala-gala kudu uing bae pangheulana...”
“Meges, jempe gandeng!” kiRanggadenawa nyentak deui, hatena bet jadi kesel. “Asal andika tujuhan daek nyingkir, kajahatan andika otomatis katebus. Ngarti...?”
Nutujuhan paheula-heula nyisi, jalan kontan ngabulungbung muru puncak pasir nu katangen geus simpe. Siganamah tugas sangpurohita geus rengse.
“Asal kaula diantep ngaliwat, andika tujuhan jadi jalma bener. Kajahatan andika otomatis bisa kapubus, naha andika hayang jadi jalma bener?”
“Hayang.” Ceuk nu Matana Kences sabeulah, “Saur pun eyang, jalma bener bisa unggah ka sawarga sarta jalma jahat bisa dialungkeun kadasar naraka. Lain kitu batur-batur?”
“Bener.”
“Bener.”
“Bener pisan, tah ucapanteh kalangundil. Memang ilaingmah pangpinterna.”
“Enya teu percumah diborojolkeun pangheulana.”
kiRannggadenawa silih leret jeung kiDamarwulung, najan jalan geus ngembat tapi maranehna masih ragu-ragu. Paur ditengah-tengah ujug-ujug diceureuk, sakali beunang sulit pikeun manehna salamet.
“Kumaha, kang?” kiDamarwulung ngaharewos.
“Nya hayu, we. Kacirina ucapan urang terak, kana mamarasna. Hayu! Bisi robah deui pamikirna.”
Duanana leumpang, lalaunan tapi pasti ngaliwatan Guriang Tujuh. Nu arunggut-unggtan, sabab bungah maranehna geus jadi jelema bener. Tungtungna nu tujuhan kaliwatan, leumpangna beuki rurusuhan sedeng Ratnainten bati ngeclakeun cimata puguh teu bisa hojah lumpuh ku pangtotok musuh.
“Kang, saha maranehna tujuhanteh?” ceuk kiDamarwulung sanggeus rada anggang.
“Nyao teuing! Nu jelas utekna barelet.”
“Nilik dedeg pangadegna bet siga lain manusa biasa. Kira-kirana boga hubungan naon jeung siRatnainten?”
“Kaula oge teu apal. Tapi kaula yakin, sang Purohita Ragasuci apaleun.”
“Untung urang teu nepi kabentrok, mun tepi kabentrok dijamin barabe.”
KiRanggadenawa teu ngomong, tapi leumpangna beuki gancang ngajugjug punsak pasir. Bener bae, dipuncak pasir Sang Purohita karajaan geus hasil nundukeun Angkawijaya. Nu katembong pada ngariung, bari kadua leungeuna geus diborogod dikatukangkeun. Para prajurit geus dariuk nyalse, ngariung disabudeureun eta patempatan. Mayunan Sang Ragasuci katut dua senapatina nyaeta Durgalapati katut Anggadaseta.
Ditebeh wetan balebat geus hibar, ngagalur mangrupa garis kaemasan. Hawa mungguh tiris, pepedut gunung geus lila turun mimiti nyimbutan nu aya dieta patempatan.
“Tah, gening, andika duaan geus ngurunyung. Kumaha naha maranehna teu ngaganggu?” Kadangu sang Ragasuci nyoara, bari neuteup kiRanggadenawa katut KiDamarwulung.
Memeh nenbalan nu duaan silih reret, takjub ku kalinuhungan ieu sepuh. Malah sabari ngecagkeun nyiRatnainten kadenge kiDamarwulung cumarita.
“Saleresna amper-amperan, eyang sepuh. Maranehna sempet ngarempag-rempagkeun cadas, dipake ngahujan abdi duaan. Mung aya hibar, KiRangga masih bisa ngungkulannana. Malah ku sakedik taktikna eta tujuh jalmiteh tiasa diperuhkeun...”
Sangpurohita, unggut-unggutan.
“Saleresna saha eta nutujuhanteh eyang sepuh?”
“Kaula sorangan can yakin jelas, ngan untung sampean duaan teu nepi kabentrok! Sabab lamun nepi kabentrok, Sampean duaan bisa cilaka.” Saur sang Ragasuci, sapasang matana ngadadak dipeureumkeun bangun nu nuju ngimpleng deui eta tujuh jirim.
“Masing-masing warugana luar biasa, “Kidamarwulung neruskeun deui caritaannana. “KiRanggadenawa kuanjeun masih eleh jauh. Abdi bet ras ka dongengna kiguru swuargi, nu kungsi nyebutkeun yen manusa nu ngagaduhan ciri-ciri samodel kitu taya sanes sajaba tikaum Yaksapurusa. Nu kumelendang hamper limaratus taun kalarung, naha moal eta tujuh jalmiteh kaum reksesi?”
“Eta bisa bae kiDamar, tapi kaum Yaksapurusa tas musnah ku kaum Ganapu-rusa kira hampir tiluratus taun kalarung, jadi mustahil diantara maranehna aya nu masih kumelendang. Kajaba...”
“Kajaba kumaha, eyang?”
“Guriang tujuh jengkar ninggalkeun guhagarbana...”
“Guhagarbana saha?”
“Tangtu kiJalaujung...”
“Maksad eyang sepuh Ramana nyiRatnainten?”
“Hm-gh...”
“Hartosna...?”
“Hmm...” Sangragasuci ngarapetkeun kadua dampal pananganana, lambeuyna gegerendengan nyebut sang dewa Wisnu agemanana.
Kakara satutas srangenge medal, sangPurohita ngajakan miang mulang ka Rajapura. kiDamarwulung marentahkeun sangkan Angkawijaya jeung Ratnainten digiringkeun, sanggeus juru tanda niup sangkala kakara pasukan bagerak dipingpin Langsung ku sangPurohita katut opat senapatina.**
Hawa karasa seger, dangdaunan masih mandi ciibun tingarendang palebah tungtungna. Pareng murag kadupak kunu ngaliwat, ngagurilap lir inten mutiara. Dibeh kaler gunung halimun geus mimiti katembong ponclotna, pon kitu deui gunung sanggabuana, gunung kendeng, tegal jukut, pasir- pasir jeung sampalan katut nu aya disabudeureunnana mimiti tembong kasorot sang batara surya ku warnana nu semu koneng kaemasan.
Rupa-rupa kekembangan mimiti ligar, kembang kananga, Asoka, padma jeung rupa-rupa kembang sejena nyebarkeun sengitna disapanjang perjalanan. Sawareh mawur ditiup angin, nyengitan bumi nu beueus ku ibun janari.
Teu cukup kukitu, rupa-rupa sasatoan leuweng oge kadenge. Sora dadali, heulang katut kuntul kadenge dipuncak-puncak tatangkalan. Manuk caladi lir ibarat nu ker nuar tangkal, dokdak hawar-hawar tijauhna. Pareng rombongan monyet ngaliwat kontan hibeur, sawareh arasup kajero liang meunang ngagorowonganna.
Sapaparat jalan Angkawijaya jeung Ratnainten teu loba pamolah, utamana Angkawijaya nu ngalaman tatu nu cukup parna. Sabenerna tadi manehna geus hasil ngadesek nu jadi lawan-lawana, malah hiji diantarana aya nu benang katotok jalan getihna. Satadina Anggadaseta nu geus benang ditotokteh rek dijieun sandra pikeun ngaloloskeun diri. Tapi samemeh rancanana laksana, Sikembar tiGunung Lawu rubuh manten, nu dipungkas kukaburna eta dua kolot, nu otomatis sang Purohita leungiteun lawan malah terus ngajorelat nyampeuk kadirina. Ukur sajurus, manehna langsung rubuh ku kibasan jubah bodasna, nu ngaluarkeun tiupan angin rongkah nabrak awakna tepikeun ka nubruk prajurit nu kaparengan ngepung dirina.
Sanggeus dirina utah getih, les bae teu inget dibumi alam, sadar-sadar kadua leungeuna geus ditalikung. Bari pada ngariung, teu jauh didinya imahna geus ludes kaduruk, nyesakeun bontot jeung areng nu masih ngaluarkeun hasep bodas. Teu lila manehna sadar kurunyung Ragadenawa jeung kiDamarwulung bari manggul pamajikanana. Lain deui hatena sedih, sabab hareupan nu ngan hiji-hijina kiwari sanasib kaceureuk musuh jeung can tangtu bisa lolos tina hukuman pati.
Angkawijaya sadar, kumaha sulitna kiwari mun hayang bisa lolos dina eta sergapan pasukan prajurit nu sakitu lobana, salian eta aya Sangragasuci nu mibanda jajaten katut wewesen nu sakitu linuhungna. Jago kelas hiji samodel siIblis kembar nu sakitu hebatna rubuh ukur puluhan jurus, atuh komo manehna nu paling banter kaitung kelas tilu, nyata ukur sajurus manehna langsung rubuh taya daya.
Ras, deui manehna inget kana ucap-ucapanana siIblis kembar tigunung lawu, sanajan mustahi teuing kunaon hatena bet honcewang, aya parasaan hariwang, inggis ucapanana bener. Yen Sang Ragasuci, lain ngemban-ngemban tugas nagara teuing pikeun nangkep dirina sakulawarga. Tapi ngincer jabangbayi, nu masih aya nakandungan pamajikannana. Tapi keur naon? Naha enya keur tumbal kalanggengan hirupna? Atawa ukur nyalametkeun orokna tina niat jalma-jalama sasab nu hayang mulung sijabangbayi jadi muridna, pikeun dipake alat ngahontal kakawasaan boh didunya pasilatan boh didunya umumna dunya brana kanagaraan.
Saperti geus disebutkeun munggaran, Ratnaintenteh turunan Ganapurusa (Manusa satengah dewa), satiap awewe turunan ganapurusa, mangsa dirina kakandungan umur tujuh bulan, sagala kakuatana baris raib kaserep ku badan siutun inji. Beda deui mun silalaki, kakuatanana baris langgeng nepi kamaut datang.
Angkawijaya kungsi nyaksian nalika patapan mitohana diserang pasukan Sunda, Sangresi Jalaujung nu biasana sabar tur tenang kapancing emosina nalika patapannana diduruk, panghunina dibinasakeun taya nu nyesa, timimiti pakacar, tukang tata taman, pangurus dapur tepikeun ka ingon-ingonanana. Inyana ngamuk ngowak ngawik, gerakanana ibarat sagulung angin. Tiupan biwirna bisa ngapung-keun barisan prajurit ibarat kalakay, teuteupanna mampuh ngaleburkeun rupa-rupa pakarang jadi logam cair. Sarta kawedukannana ngaleuwihan batu cadas atawa wadja murni.
Mangsa harita, loba prawira karajaan sunda nu miu perlaya, kaasup tujuh satria kadaton. Senapati sarwajala jeung senapati Aryapamungkas teu luput tina kabinasaan, hiji nu mapuh ngalumpuhkeunnana nyaeta Sangragasuci. Kucara ngaluarkeun batu mustika kumala dewi, sangresi Jalaujung langsung ngalumuruk leungit budi ilang daya lir kapuk kaibunan lir kapas kahujanan leuleus taya tangan pangawasa.
Harita manehna katut ratnainten ukur nyaksian ti luhureun tangkal gintung bari teu bisa milu mantuan, sabab tas dicaram samemehna ku sangresi sangkan nyumput jeung Ratnainten. Padahal kadatangan pasukan sunda, sabenerna ukur ngincer dirina nu dianggap anakna pambarontak nu sawaktu-waktu bisa ngabahayakeun nagara. Putusan sang prabu darmaraja harita memang bengis, sabab sakur nu kalibet kana Pambarontakan Wikramajaya, tiap kulawasetna nu teu tuah teu dosa milu nanggung akibatna. Dihukum gantung, nu kabur terus diburu saperti halna manehna kiwari.
Tilu taun Saprak sang Pabu Langlangbumi naek tahta, satadina Angkawijaya neundeun harepan. Sugan jeung sugan ku pimpinan nu ayeuna manehna bisa hirup kalawan tenang, sang prabu langlang bumi bisa ngeureunkeun parburuan kamanehna sakulawarga. Mimitina memang luyu jeung hareupan, tapi kiwari sanggeus hampir tilu taun manehna hirup tenang ngadadak muncul deui pihak karajaan nu ngarepkeun manehna karingkus. Diluar dugaan dipimpin langsung ku Sang Purohita karajaan, Sang Ragasuci. Jelas sang Prabu negeskeun, yen dirina kudu beunang ulah tepikeun ka hasil ngalolos cara nu geus.***
Pareng hiji poe pasukan anjog ka hiji karajaan leutik, eta karajaanteh ayana dihiji suku gunung katelahna Gilingwesi masih kaasup wilayah karajaan Sunda pura. Najan teu saagung jeung Agreng sperti dikarajaan pusat, tapi tatanan jeung perthananana geus jelas. Sakulilingna geus dipager ku tumpukan batu bata mangrupa benteng.
Basa apal yen eta pasukanteh para prajurit sunda nu dipingpin langsung kuSang Purohita, teu wudu pangeusi dayo karageteunnna utamana dikalangan karaton. Tapi sanggeus diterangkeun, naon-naon nu keur kajadian raja gilingwesi katut patihna hegar deui, malah pasukan dijamu kalawan nyugemakeun. Sabalikna Angkawijaya katut Ratnainten dijebloskeun kahiji panjara nu aya diwetanen benteng karaton, nu pangjagaanana super ketat.
Sarigsigna dijieun dina bogor-bogor kawung, bilikna dina papan jati nu kacida kandel tur kuatna. Dijuru kamer aya dipan reyod ditilaman samak tina daun pandan, nu geus saroeh. Ratnainten diuk didinya, sedeng Angkawijaya ngagoler najan geus dibalur ku obat dadana anger masih karasa nyeri.
“Rayi, hampura akang teu bisa nangtayungan salira.”
“Teu kedah seueur emutan, kang. Mana kieu oge tos takdirna urang...”
Angkawijaya maksakeun hudang, terus diuk nyarande kana bilik papan.
“Nyimas, naha leres tadi salira rek ditulungan ku guriang tujuh?”
“Kacirinamah enya, tapi utekna bangun belet.”
“Naha salira yakin, yen maranehna utusan Rama salira?”
Ratnainten gideg, bari pokna. “Duka, tikawit abdi lahir abdi tacan kungsi ninggal maranehna, mung nembe tadi kitu oge teu lami.”
“Tapi saur Sang Ragasuci cenah maranehnateh jelmaan tina kakuatan Rama salira nu salami ieu ngancik.”
Ratnainten tungkul, katembong rarayna alum.
“Aya hiji rusiah nu salami ieu teu acan diuningakeun kasalira.”
“Rusiah naon nyimas?”
“Kaum gana purusa, lamun kakuatannana tos kaluar... hartosna... hartosna eta gana purusa...”
Ratnainten teu wasa ngedalkeunana, cimatana murubut manten tikorona kaselek ku piceurikeun. Antukna ngagukguk dina dadana Angkawijaya, nu ukur ngalelemu bari ngusapan buukna nu hideung meles.
“Salira masing tabah, tindakan Rama salira ieu tangtos kengeng merhitungkeun pasti gaduh maksad sareng tujuan anu tangtu.”
Ratnainten ukur unggeuk lalaunan, sabisa-bisa meper hatena nu keur meujeuhna tagiwur.
Nya dina kaayaan kitu ngadadak diluar kadenge sada nu pahibut, sada nu ting gorowok pacampur jeung sora nu ting jarerit. Sada nu blag-blig-blug jeung sada pakarang nu pabentar, jelas diluar siga aya nu keur tarung. Malah hawar-hawar tikaanggangan siga aya nu pating corowok nyebut-nyebut seuneu.
“Seuneu! Seuneu...!!!”
“Cai... cai...!”
“Kahuruan! Kahuruan!”
“Kaputren kahuruan...!!”
Angkawijaya jeung Ratna inten silih reret, Ratnainten turun terus nyamperkeun sarigsig malah Angkawijaya oge maksakeun turun lalaunan. Katembong nu jaraga lalumpatan kaluar, masing-masing bedogna dilugas bari ting gorowok. Tapi karek oge tepi kalawang awakna geus marental deui katukang, tuluy nubruk tihang jeung tumpukan batu bata tepikeun rungkad maranehanana sorangan tuluy ngajehjer teuing paeh teuing hirup.
“Blus-blus... ngadadak dua jalma nu pangawakanana luar biasa arasup. Nuhiji tarangna nyendol, nu hiji deui irungna nambru biwirna jebleh luar biasa lamun disebut jelema asa teu pastes, tapi dedegannana memanng manusa.
“Nyai... naha hidep nyiRatnainten?”
Ceuk siKalanyendol bari mencrong, Ratnaienten unggeuk bari tanggah hayang sidik kanu jujul kana lalangit panjara.
“Mun kitu hayu urang kaluar!”
“Hm-gh...”
siKalanyendol ngagegag ngaeukeutan sarigsig, keuk... ramo-ramona nu meh sagede jeruk baliteh kana panto. Kusakali narik panto langsung coplok, engselna tepikeun rujad gembokna amburadul. Keur kitu, blus-blus! aya nu asup tilu urang prajurit, langsung siaga bari ngokangkeun panah. Tapi siKaladenta nu irungna nabru jeung biwirna jebleh malik manten bari ngarenghap jero, dadana tepikeun ka kembung beteung budayutna ngadadak Rata.
“Puuuhh...!” niup. Lir kalakay katebak angin, tiluanana kaluar deui bari jeung tingkoceak ragana nubruk tatangkalan tepikeun kangarieug, tuluy ngalumuruk teuing paeh teuing hirup.
Puguh bae angkawijaya lain deui kagetna, teunyana aya kakuatan nu sakitu rongkahna. Sakedapan ukur colohok, bet asa dina pangimpiannana.
“Leuwih hade andika duaan digarandong, nya?”
Ceuk siKala nyendol bari dongko, pon kitu deui siKaladenta. Ratnainten jeung Angkawijaya teu nolak, terus arunggah kana tonggong ieu Yaksapurusa, sanajan geus darongko tapi pikeun maranehna tetep bae kudu ngalacat.
Samemeh arindit sababaraha urang prajurit geus arasup deui, tapi kawas tadi siKaladenta ngarenghap tuluy niup eta prajurit kucara digentak. Jleng-jleng duanana laluncatan, sok sanajan awakna jarangkung gede tapi ari gerakanana mah kesit tur arenteng. Diluar kasampak duaurang baturna deui keur ngamuk, welasan prajurit geus loba nu kalenger tepikeun ka gempar.
“Adi! Nyiratna geus benang hayu, kabur...”
Ceuk siKalanyendol bari ngajejek salah saurang prajurit nu keur nonggongan, nu dijejek ngowowong awakna tikusruk teu bisa hudang deui. Nu ajakan ngaheueuhan, terus ngabubat-babitkeun gadana tepikeun ka ngaluarkeun sora nu ngaguruh, nu benang haliber terus ting gedebut labuh nepi katumbakan jauhna.
Opat Yaksapurusa ting juringkang dinu poek, muru sisi benteng karajaan. Tidinya kasampak tilu urang baturna, keur ting jarega teu beda ti patung-patung buta marang-gul gada. Teu jauh tidinya lawang kori geus muka, hampir lima gulang-gulang geus gempar teuing nyawaan keneh teuing geus palastra. Geus ngariung ninggalkeun eta karajaan leutik nu geus geger diserang Wangsa bhuta, nu geus lila teu katembong rumingkang ditatar sundha. ***
Berang deui peuting deui, gunta gantina poeteh estuning teu karasa ray poe-ray poeteh kaayaan Ratna Inten beuki meneyang. Nyasakitu lilana eta rombongan terus lumampah turun gunung-unggah gunung, nyorang tegal jeung sampalan sakapeung kudu ngaraas walungan, malah sakapeung deui kudu kumarembing kana akar katut jangkar.
Tepikeun ka ahirna Ratna Inten geus teu kuateun lumampah, beuteungna karasa mules tungtungna pupuringisan sisieun jalan.
“Tos teu kiat, kang. Katinggalna sijabangbayi tos bade gumelar.”
“Lamun kitu akang rek neang indung berang, tadi dilebak aya lembur sugan bae aya nu bisa marajian.” Bari ngaleret kaguriang tujuh. “Paman, pangjagakeun nyiRatnaienten. Abdi bade milarian paraji...”
“Tong salempang mamang tujuhan pasti ngajaga, nyiRatna.” Ceuk siKalamurca nu kulitna paling hideung.
Angkawijaya unggeuk, geus ngusapan buuk Ratna Inten tuluy ngaleos, muru kalandeuh rek neang paraji. Sedeng guriang tujuh terus guk-gek dariuk bari ngariung Ratnainten.***
Sok sanajan dusun leutik, tapi kaayaannana cukup subur. Kaciri disaban tempat palawija keur meujeuhna meuhpeuy, malah dikalereunana ngampar pasawahan nu parena keur sumedeng beukah. Dipager ku leuweung ipis jeung dapuran kaso, nu beuki kajero beuki jembet ku areuy hoe jeung tutuwuhan liana.
Basa tepi kasisi lembur, tidinya ngajegir tumpukan batu bata ngapit jalan nu brasna kajero lembur. Sarta dina batuna aya prasasti nu unina “Ieu tanda kakuasaan sang prbu Darmaraja.”
Angkawijaya ngarengkog, satadina paniatannana rek dibatalkeun inggis dijero geus nyampak pasukan musuh. Tapi sanggeus dipikir deui, bet kurang hade sok komo kiwari bojona keur pepelengkingan ngabutuhkeun saurang paraji. Tungtungna teu burung asup ngaliwatan eta kaca-kaca, sababaraha tumbak tiharita kakara katembong hiji imah. Sakulilingna hejo lembo ku rupa-rupa pepelakan palawija, kayaning Kacang panjang, Roay, jaat jeung rea-rea deui. Pipireunana ngajegir tangkal kupa, dahanna ngarandaka dauna oge mani gomplok, ngahieuman eta imah nu karasa tiis sok sanajan tengah poe ereng-erengan.
"Sampura, sun."
Angkawijaya langsung uluk salam, bari sukuna hideng hanjat kana golodog kebat katepas. Tapi samemeh keketrok, ngadadak panto muka disusul ku ting torojolna opat urang jalma, lain deui Angkawijaya ngagebegna basa sidik saha eta nu opatan nu taya lian ti opat senapati kareajaa Sunda.
“Jagad dewa batara. Ruapana andika geus Datang angkawjaya?”
Ngadadak dijero aya nu ngagerendeng, disusul ku mucunghulna sang purohita.
“Ruapana ieu pitapak?”
“Ieu lain pitapak, tapi jodo. Geus sabulan kaula saparakanca nungguan didieu, sabab ceuk itungan andika bakal muncul diieu lembur. Buktina memang bener...” saur sang Ragasuci tenang, neutuep keudeu ka Angkawijaya pinuh ku kasabaran.
Serepet... Angkawijaya mesat pedang pusakana. Sagulung sinar kaunguan langsng mawur, kaluar tina pamor eta pedang pusaka.
“Jagad dewa bhatara... leuwih alus andika milu ka kaula, teu kudu make jalan kakerasan.”
“Milu ka anjeun hartina binasa, teu milu oge binasa! Pikeun siAngkawijaya leuwih hade binasa engoning mempertahankeun kayakinan...”
“Putusan Sang Prabudarmaraja beda sareng Putrana, Andika dijamin bisa lolos dina hukuman pati. Asal bvae andika tunduk sapinuhna kana putusan sang Prabu langlabumi...”
“Teng manukteng, anak merak kukuncungan. Kolotna kejem tangtu anakna ge sarua.”
“Pamikiran andika salah, Angkawijaya. Sang Prabulanglamngbumi langkung wijaksana, andika ulah nyakompet daunkeun...”
“Lamun kitu carana, kunaon andika teu daek ngalepaskeun kuring sakulawarga. Tindakan anjeun ieu naha teu disebut elmu lilin?”
“Naha bet nyarita kitu?”
“Kaula estuning teu kalibet kana pambarontakan nu dilakukeun ku Rama Wikramajaya, tapi kunaon kaula terus diburu? Naha ieu saruajeng ngahurun suluh?”
“Amitaba... ceuk kaula oge Andika baris narima putusan sejen, lain rek dihukuman pati.”
“Kuring teu percaya.”
“Kaula resi pantang pikeun ngabohong.”
“Angkawijaya!” ngadadak kiDamarwulung ngahaok. “Mana nyiRatnainten? Sabab manehna oge kudu kabawa!”
“Hhh... kaula nyaho salila ieu Andika neudeun hate ka bojo kaula.”
“Ha,ha,ha... memangma dijdagat ieu euweuh deui awewe?”
“Teu kudu ngabohongan hate sorangan!”
Euceuy beungeut kiDamarwulung. Tapi rek hojah serab ku sang Purohita, tung-tungna kekerot bari molotot.
“Amitaba... bener ceuk ucapan kiDamar, waktu ayeuna bojo andika tangtu keur butuh ku pitulung. Tuduhkeun dimana bojo andika, sabab lamun diantep bisa bahaya.”
“Moal! Leuwih hade ajur tutumpuran daripada nuduhkeun...”
“Hhhh! Kahayang Andika pasi dikabulkeun...”
Ceuk kiDamar bari maju salengkah, tapi sangPurohita ngaragangan.
“Ayeuna mah kieu bae, upama andika bisa nyentuh pakean kaula, andika bisa ninggalkeun ieu patempatan. Tapi lamun teu bisa wayahna andika kudu milu...”
“Tapi pedang pusaka kaula teu ngabogaan mata, bisa-bisa lain ukur kasentuh. Boa jiwa asndika nukasentuh...”
Sangragasuci teu nembal, ukur sungkem bari ngagupaykeun leungeun nitah maju. Kukituna Angka wijaya geus teu loba deui omong manehna langsunng ngayakeun tindakan, narajang KU SABETAN PEDANGNA, SINAR BEUREUM Langsung mawur hareupeun sang Ragasuci.
Nu kalawan lueus ngagiwar, laju mundur salengkah katukang. Kuda-kudana kuat, tapi gerakan awakna estuning lueus tur enteng. Angkawijaya panasaran, langsung metakeun tilu jurus sakaligus Pedangna pating gurilap silih susul, ngarah tilu tempat dina awak sang Ragasuci. Nu langsung kabulen pamor pedang, nu mawur teu beda ti sinar layung norobos dangdaunan.
Tapi deui-deui eta sepuh nembongkeun kakesitannana, ibarat sagulung haseup hese karampa nu terus bnagerk diulinkeun angin sore. Satiap tusukan, sabetan jeung tarokan estuning taya hasil samasakali. Tepikeun ka ngadadak sang purohita mundur, sedeng pedang Angkawijaya murag disusul ku rubuhna eta pamuda.
Tong boroning nu nyaksian, Angkawijaya sorangan can sadar kumaha carana pedangna bisa murag jeung awakna nu ngadadak lumpuh leungiteun tanaga. Ukur jinisna nu apal nyatana sangragasuci.
Dina kateu berdayaanana Angkawijaya sadar tepi kamana ieu sepuh tingkat kasaktianana. Tungtuna pasrah dirina diborogod, dijieun babandang pikeun dibawa kapuser dayeuh.
“Hayu.”
Kadangu sang Ragasuci ngajakan, bari ngarapetkeun kadua leungeuna payuneun dada. Satadina kiDamar wulung rek nanyakeun Ratnainten deui, tapi teu werat tungtuna ngabetem teu bisa kukumaha. Untung kiRanggadenawa ngiluan cumarita.
“Eyang sepuh, teras kumaha nyiRatnainten?”
Sang Ragasuci gogodeg bari nyebut agemannana. Laju ngalengkahkeun sukuna, ninggalkeun eta patempatan. Nu opatan silih reret, sanajan panasaran tapi teu burung nuturkeun bari ngagiringkeun babandan.
Disisi lembur katembong Ratna Inten keur pepelingkingan bari humarurung nahan kanyeri. Bari sakapeung-kapeungeun sasambat kanu jadi salakina. Tujuh jirim ting jarega nyaksian nu keur pepelengkingan.
“Kalamaruta, coba susul naha kunaon nu neang parajiteh bet taya mulang?”
“Enya, padahal langit geus cakueum sakeudeung deui pasti peuting.”
Nu disebut kalamaruta unggeuk, awakna garing tapi pinuh ku otot jeung urat. Basa manehna unggeuk, teu kanyahoan nyaho-nyaho jirimna geus ngabelesat ninggal-keun eta patempatan. Dilandeuh katembong rambu-rambu jalan rebah, sawareh rabeng lir katiup angin topan tanda katembag ku awak siKalamaruta.
“Kacirina siutun inji tereh gumelar...”
Ceuk siKalamurca bari ngusapan emun-emunan nyiRatnainten, nu sejena oge nguspan suku jeung leungeun, nu ngusapan beuteung bae oge aya.
Ukur sajongjongan, siKalamaruta geus datang deui bari leungeuna mamawa pedang milikna Angkawijaya nu tadi sempet murag sarta teu kaburu dicokot.
“Kumaha, Maruta?”
“Sakuliah lembur geus diteang, tapi denwijaya teu kapanggih.”
“Terus eta naon?”
“Sss... eta... eta... ssss.... gobangna... gobangna... Kakang Angkawi... wijaya...”
Nu nembalan nyiRatnainten, kitu oge bari jeung pupuringisan.
“Lamun gobangna aya kamana jinisna?”
Sikalamurca tumanya, satengah nu ditujukeun kadirina sorangan.
“Cilaka...” meh bareng nutujuhan ngagerendeng, “Boa-boa diceureuk musuh?” pokna mani saur manuk siga dikomandoan.
Nyadina kaayaan kitu ngadadak nyiRatnainten ngaheujeun, disusul ku ngagoarna sora utun inji nu ngagurubag kaalam dunya.
“Waahh... cilaka, utun inji gumelar manten...”
“Lain cilaka, bagja deuleu...”
“Tapi salakina euweuh, parajina euweuh, nu ngurusna oge euweuh naha ieu teu disebut cilaka?”
“Enya, nyah...”
“Tapi bagja, tugas urang ngumbara didunya tereh lekasan.”
“Enya, uing geus hoream hirup kadungsang-dungsang teu puguh tujuan.”
“Utun inji gumelar tangtu urang salarea baris boga panetepan nu sampurna.”
“Mun kitu, hayu urang nyurup ayeuna.”
“Enya hayu.”
“Hiss... kelanan ulah gagabah, mun urang nyurup ayeuna nyiRatna moal aya nu ngurus.”
“Terus kumaha alusna?”
Nutujuhan ngadadak jempe, sedeng Ratnainten ngalempreh siJabangbayi terus gogoaran teu daek repeh.
“Leuwih hade, potong heula ari-ari siutun.”
“Enya bener, naha bet bisa poho.” Raeng nutujuhan.
Kalamurca nyabut balatina, tali ari-ari sijabangbayi dikeureut. Tapi matak kaget, balatiteh ngagereleng siga ngeureun kawat wadja.
“Wah, mintul pesoteh. Kela urang asah heula.”
Kalamurca ngasah peso ku cawet nu dijieun tina kulit kai. Sabot manehna ngasah, hiji-hii guriang tujuh ngeureut ari-ari siJabangbayi. Tapi hiji ge euweuh nu terak, batan hasil malah masing-masing pesona nu rompal.
“Aka, lain peso aka nu mintul. Tapi kulit siutun memang weduk.”
“Hhh!” ngagebeg siKalamurca terus neuteup siutun inji, nu ngadadak repeh siga nu ngarti keur diomongkeun.
“Coba kalangundil, pegatkeun ku mataagni maneh.”
Kalangundil unggeuk, terus ngurut heula kongkolak mata tunggalna. Wuss... kadenge sada nu saheng, basa matana ngadadak ngaluarkeun sinar panas semu kaungu-unguan nojo tali ari-ari siJabangbayi. Tapi anger, tali ari-ari siJabangbayi tetep utuh teu kua-kieu. Tepikeun ka rambay matna, keukeuh tali ari-ari teu pegat.
“Wah... uing taluk, ka. Uing teu kuat, ari-arina teuas kacida.” Bari ngicepkeun panon kapalebah tangkal gintung siga nu panasaran.
Beusss... kdenge sora nu ngajeos, tangkal gibtung langsung gorowong sagede leungeun orok.
“Coba Jalabanyu keureut ku kakuatan cai ilaing.”
siJalabanyu unggeuk, cai dina buli-buli digolokgokeun siga nu dipiseun. Tapi basa manehna ngagerak-gearakeun ramo leungeuna, cai ngagumpal tuluy ngabentuk baraja (Pedang). Tina ngagumpal caiteh jadi beku, beuki lila beuki teuas tug ahirna robah siga berlian ngabentuk pedang.
Sreng... eta baraja langsung melesat, basa siJalabanyu nunjukkeun ramona kalebah ari-ari. Prakkk...! baraja ancur, bubuk teu beda ti beling terus cair deui jadi cai.
“Wah, uing ge taluk.”
Cara siKalangundil, manehna ngipratkeun leungeun nu baseuh ku cai, ditengah jalan cai robah wujud jadi butiran es nu terus maralak nembus tatangkalan tepikeun ka karancang.
Hiji-hiji guriang tujuh nyobaan megatkeun tali ari-ari, tapi unggal dicobaan unggal gagal nu ieu teu luput tina perhatian Ratnainten. Lalaunan manehna cengkat, tuluy mersihan diri sabisa-bisa. Geus rada rapih tuluy diuk, bari pokna.
“Mamang tujuhan moal aya nu sanggup motong ari-ari siUtun.”
Tujuh guriang ting garebeg, terus ting laleret ka nyiRatnainten.
“Jadi nyai nyaho usaha mamang tujuhan baris sia-sia?” Ratnainten unggeuk, “Atuh kunaon teu nyarita tiatadi?” SiKalangundil kukurutus.
“Enya. Kunaon nyari teu nyarita?” nu sejena mairan, antukna nu tujuhan raeng maido kaRatnainten.
Nu dipaido angur imut, bari pokna.
“Kapanan kuringna oge tacan bisa nanaon, boro-boro hayang ngomong lunglay we nu aya.”
“Wah... enya oge, nyah?”
“Mun kitu mamang tujuhan menta dihampura, nyai.”
“Teu nanaon...”
“Terus alusna ayeuna kumaha?”
“Bersihan bae heula, siutun injiteh. Ke kukuring dibajaan kumaha carana?”
“Keun eta pasrahkeun kamamang,” ceuk siJalabanyu bari singkil, sesa cai dina bulibuli dibanjurkeun ka orok. Dibarengan ku ngerahkeun kakuatannana, caiteh teu terus murag kahandap tapi ngalir heula disakujur awak siutuninji tepi kacaiteh kotor ku getih jeung cikakaba. Geus dianggap bersih, cai tuluy ngucur kabumi sedeng awak siJabangbayi langsung bersih taya kotoran saeutik-eutik acan.***
Hukuman Gantung.
“Hhh! Jadi mamang tujuhan kudu nginjem batu muastika ka Sang Purohita?”
“Bener, mang.”
“Kumaha carana?”
“Nyai mustahil sang Ragasuci mere nginjem.” Nusejena milu mairan.
“Wah, manehmah barodo. Ieuh dengekeun, nginjem didieu ukur sindiran maksud nyiRatna nya kudu dipaling, lain kitu nyi?” Ratnainten imut, najan kitu rarayna ngadadak beureum.
“Oh, jadi kudu dipaling?”
“Mun kitu karek kaharti.”
“Tapi kumaha carana? Kapan wangsa urangmah apes pisan ku eta batuteh. Jadi boro-boro bisa maling, deukeut oge urang salarea lumpuh manten.”
“Asal eta batu mustika ditunda ditempat katutup mamang tujuhan pasti aman.”
Guriang tujuh unggut-unggutan.
“Kaula boga usul,” ceuk kalamurca.
“Usul naon, ka?”
“Ieu tugas urang bagi-bagi. Kaula jeung siJalabanyu ngajaga nyiRatna didieu, sedeng anjeun Kalamaruta katut Kalangndil nginjem batu mustika, sesana ngusaha-keun ngiwat rakean Angkawijaya, kumaha?”
“Mun kitu uing satuju.”
“Ieu keur kahadean urang salarea, tangtu bae uing oge satuju.”
Ningali kakompakan tujuh Guriang hate Ratnainten jadi Ratna inten jadi reug-reug, bari mamangku budak nu geus dibedong manehna nyarita.
“Mang tujuhan, kuring ngahaturkeun nuhun nu saageung-ageungna.”
“Teu kudu jadi pikiran.”
Harita keneh nulimaan langsung pamitan, malah terus lumampah ninggalkeun eta pasir. Nutinggal Ratnainten katut Jalabanyu jeung Kalamurca, nu terus tetep renggenek didinya malah ngadegkeun iamah sagala. Kawantu duanana oge barogatanaga rosa, dina nyieuna oge teu jeung adeuh. Wawangunna galede, meh sakabehna dijieun dina papan jati atawa mahoni, nu nyampak dieta pasir. Cag urang tunda kahareup kasampeur deui.
Urang kocapkeun deui Angkawijaya nugeus jadi babandan urang karajaan. Teu kungsi meakeun waktu dua poe, sang Ragasuci katut opat senapati anjog kapuseur karajaan sunda.
Anggang keneh katembong panji karajaan geus ngelebet luhureun benteng-benteng pertahanan, benteng tohaga nujangkungna leuwih ti 7 meter nguringan puser dayeuh nu legana hampir 1000 are. Basa nu tiluan tepi kahareupeun panto gerbang, ngadadak panto muka, opat urang tugur katembong mukakeun daun panto nepi tilu parapatna. Kabayang kumaha beratna eta daun panto, nu mampuh digeserkeun ku tanaga opat urang jalma kasar.
Sup... Angkawijaya asup, dituturkeun ku Sang Ragasuci katut opat urang senapatina. Sanajan geus lawas kaluar ninggalkeun puser dayeuh, tapi eta tempat masih tembong cara bareto. Tilu jalan raya karajaan ngemat ti kulon kawetankeun, tilu deui ti kidul ngemat kakaler sakaligus cara ngabagi pamukiman diluar atawa dijero Jhawi Khita. Utamana dijero Jhawi khita teu sagawayah jalma bisa lalar liwat di jalan-raya, sabab tiap jalan boga kagunaan jeung kaparantianana sewang-sewangan. Saperti jalan anu brasna ka komplek karaton, komplek para pajabat nagara atawa komplek kaprajuritan rahayat dicaram ngaliwat tanpa saijin pangurus satempat. Salah ngalengkah bisa-bisa kena kuhukum rangket hoe nu lobana 7 kali atawa sakurag-kurangna didengda ku itungan kepeng mun pareng boga kepeng.
Sapaparat jalan jalma Balawiri rupa-rupa wawangunan ngabaris disapanjangna jalan, salian ti aragrengteh rata-rata dijaraga ku tukang kepruk jeung jago bayaran. Teu kungsi lila manehna ngarandeg, hareypeun panto gerbang husus keur para raja katut kulawadetna
Diieu dayeuh oge aya jalan kareta, lebarna lima aratni, jalan keur ingon-ingon opat aratni jalan jalma katut piaraanana moal kurang ti dua aratni. Ku Angkawijaya katembong karaton anu tujuh ngajegir nyanghareup arah gubnung salak, suhunanna ting jaraul ngaleuwihan bentreng-bentengna. Nyaieu pisan tujuh karaton titinggal sang Prabu Tarusbawa, diantarana Sri, bima, punta, suradipati, madura naraya.
Beja ngenaan buronan nu katewak kontan sumebar, Angkawijaya harita keneh langsung dijagragegkeun, kasa ng prabu langlang bumi. Sarta harita keneh [putusan hukum gantung kudu dilaksanakeun.
Beja pa beja-beja ti saurang-kasaurang diwarung-warung jeung pasampangan, beja ngenaan hukuman gantung geus jadi sabiwir hiji. Saperti halna harita dijawok jongok, sababaraha urang lalaki keur gunterng ngalibetkeun sibbibi nu boga warung.
“Jadi naha yakin, bi. Eta biuronanteh jalma nu salila ieu diteangan?”
"Yakin, ujang. Bibi moal lali moal pangling. Eta buronanteh me-mang Raden Angkawijaya, putra bungsu Pangeran Wikramajaya."
Nuduaan arunggut2an. Sedeng di-jln jelema beuki corengcang, malah katembong siBibi oge geus mimiti beberes dibantuan ku Incu-na.
"Iraha hukuman dilaksankeuna, bi?"
"Panceg tengah poe. Ngam sakali ieumah moal ditengah alun-alun, tapi pasir kiara payung."
"Dimana eta teh?"
Memeh nenbalan siBibi gogodeg heula, geus kitu pok nembalan.
"Sabenerna eta tempat teh kasebut tempat karamat, tempat sembah puja keur sababaraha bagean jalma urang dieu nu keukeuh gugon tuhon kana purbatisti purbajati (Agama titinggal karuhun).
samemeh agama Siwa nyangakruk diKaraton. Kalebet gusti pangeran, ramana Kanjeng mangku bumi."
SiJajaka unngut2an pon kitu deui batruna.
"Memangna ujang timana asal?"
"Dipadepokan Cakrabuana. Ngan terus terang bae, masih ka isolir numatak teu patos apal nge-naan kaayaan Rajapura, sok sana-os kawilang caket."
"Jadi ujang duaanteh muridna eyang Bundarwastu?"
"Leres."
SiBibi unggutan, Sabot kitu incuna nyamperkeun.
"Tos beres, ni."
"Nya hayu atuh." Bari ngaleret ka tamuna, nu dileret surti tuluy cengkat sarta babayar.
"Naha bibi oge rek nyaksian?"
"Ieu geus salah sahiji kawajiban, ujang. Saban2 aya hukuman, sakabeh pangeusi rajapura boh dijero jawhi khta boh diluarna di-wajibkeun nyaksian kana jalana exsekusi."
"Naha kaasup barudak?"
SiBibi unggeuk. Jepret! panto warung ditulakan, terus manik tumanya.
"Naha ujang rek sarua nyaksian?"
SiJajaka ngaleret kabaturna siga numenta kapastian, nu dileret unggeuk nyatujuan.
"hayu atuh urang sakalian, ujang. Kacirina upacara geus rek dimimitian."
"Hm-gh..."
"Oh enya, saha ngaran hidep duaan?"
"Abdi pun Widura. Ieu rayi sapagoronan abdi, katelahna kiGagu."
"Oh, jadi ujang nu hiji deuimah..."
"Leres, bi."***
Ceuk siBibi cenah, sabenernama-mah buronan nu ieumah estuning teu tuah teu dosa. Manehnamah ukur katempuhan buntut maung, da nu boga dosanamah kiWari geus binasa dihukum gantung. Pon kitu deui para antek jeung para pambantuna.
TiSaprak Wikramaja dihukum gantung, aya kana 200 urang karabatna nu teu nyaho nanaon milu disambut hukuman pati, nya kaasup para kulawrga nu kalibet langsung kana jalana pambarontakan.
"Lamun teu salah, Raden Angka-wijayateh karabat pamungkas, nu kudu milu naggung akibat pambarontakanana. Lamun Den Angkawijaya perlaya, geus bisa dipastikeun pasukan Demit nu gawena purah ngudag buronan panghianat baris memang hadiah badag. Sabab hampir 2 taunan uasahana mawa hasil kalayan nyugemakeun."
Tapi tindakan sang Prabu..."
"Sssttt..." Sibibi buru2 motong ucapan, "Ujang ulah sambarnagan ngupat bisi aya cakcak bodas. Geus aya conto, ngomong sembarangan kadengeeun tuluy di-ciduk nepi kaayeuna can kabeja-keun deui nasibna."
"Uu...a..a... uu..."
kiGagu milu nembrung, aa-uu bari pepeta.
"Naon ujang?"
SiBibi teu ngartieun.
"Manehna nerangkeun, piraku sang Prabu tega ngalakukeun hal sarupa kitu ka kaum amba leutik."
Sibibi seri keom pokna deui, "Saleresna kanjeng prabu duka apeleun duka henteu, tapi bangsa pangawalna nu galalakteh."
Ceuk siBibi nepi kadinya terus balem, basa geus tepi ka nu dituju. Nudisebut pasir Gintungteh, pernahna aya tonggoheun puser dayeuh luareun benteng karaton. eta tempat hieum ku tatangkalan, malah didinya ngajegir hiji tangkal nu kacida gedena.
Teu jauhna eta tangkal aya patung dewa kala, ngajegir jujul gedena diantara gegekna dahan nu sagalalede beuteung munding. Didinya aya palatan ku kacida legana, Rahayat geus kumpul taya lolongkrang keur nangtung.
Dipojok aya hiji balandongan, papanggungan dijaraga ku bhyang-kara Sundapura. Didinya kating-gal sang prabu katut kulawagina calalik. Ditengah pataran para logojo geus siap narima parentah, hiji jalma nu pangawakannana dedeg geus borogod. Beuheungna geus di kongkorongan dadung, nu tungtungna ngabeulit kana dahan kiara. Sukuna geus nincak taraje, asal taraje ditoker jiwa eta jalma pasti ngalayang ngan aya nu aneh, boh sikep boh paroman estuning tetep tenang. Teu siga2 jalma nu rek dihukuman pati.
Basa kiWidura katut siBibi anjog, jalma geus ngaliud malah katinggal hiji punggawa keur biantara. Awakna bayuhyuh, buukna digelung disamping jeung ditarumpak kulit kai. Ceuk siBibimah etateh Juru Omong karaton.
"Sakitu nu kapihatur ti sang prabi, intina sanggeus ieu buronan wapat. Pasukan pamburu baris di-lungsuran hadiah cukup badag." diTungtungan ku ngaleret ka siLogojo karaton.
SiLogojo unggeuk, terus ngadeukeutan bangku jangkung siap dibenyeng.
"Murtad! Naha masih aya omongan pamungkas?"
"Ha,ha,ha...!!" ukur seuri.
"Laksaneukeun..." Bari ngalungekun panji.
Tahaaann!"
Ngadadak hiji sora nyorowok, disusul ku ngolebatna kalangkang bodas, nyanggap panji samemeh murag kana lemah.
Salarea ngaranjug basa sidik ka eta sepuh, nu tetela Sangwirayuda nu tos ngasing diri dipuncak gunung salak.
"Gusti pangeran, ieu teh buronan nusalami ieu diburu."
"Ingsun lain teu apal, lain rek milu campur. Tapi ingsung rek ngi-ngetan, yen ieu kiara payungteh tempat suci tempat sembuh sungkem keur sababaraha bagian jalma. Malah parapini sepuh."
"Kahoyong salira kumaha?"
"leuwih hade, pindah ditempat sejen. Ulah didieu."
"Tapi putusan sang prabu tos jelas, mo tiasa ditarik deui."
Cedok Sangwirayuda nyembah, terus pokna.
"Alo prbu, muga mundut kabijak-saanana."
"Sang prabu gogodeg, "Hampra paman, ucapan raja mo bisa diganggu gugat."
"Upama kitu, widian rahayat nu percaya ka ieu pasir gintung kabebasan."
Sang prabu manggut laju ngalahir.
"Kasing saha nu teu satuju kana jalanna exsekusi di kiara payung, kaula mere kalaluasaan pikeun ninggalkeun ieu tempat. Tapi nu teu percaya, tetep cicing didieu saksian jalana uapacara hukum gantung nepi karengsena.
Hadirin kontan moyeg, lir sirem nu kapercayaannana nyembah kana tatangkalan lalaunan ngun-durkeun diri.
Hiuk... bledag! ngadadak guntur datang. Nu bener2 percaya beuki rurusuhan, tapi nu memang nga-gem kapercayaan syawa tetep tagen hayang milu kana jalana exsekusi.
"Laksanakeun...!!!"
Lung... pikeun kadua kalina panji beureum dialungkeun, ayeunamah langsung murag kanalemah. Bareng jeung kitu silogojo narik bangku jangkung tempat nangtung-na angkawijaya.
Gulayun... awak angka gugulayu-nan. TAMBANG NAGGATENG KANA dahan kiara, sakeudeung deui jiwana eta lalaki pasti pegat.
Ngan dina detik-setik antara paeh jeung hirup, ngadadak dijomantara aya nu ngabulubur hurung buntutan siga bintang murag. Tuluy ngajelegur, ninggang kana tangkal raksasa tea.
Tangkal gintung langsung burakrakan, tuluy runtuh nimbulkeun sora nu ngaguruh lir gunung urug. Hadirin langsung panik teu bisa nyalametkeun diri, tur parejet katinggang dahan2na nu sagalede beuteung munding.
Pasir kiara payung ngadadak Rata jeung lemah, hiji batu ngadadak muncul dipalebah tangkal gintung. Gedena sagede leuit, mebes kana taneuh meh satengahna.
Brakh! dihiji tempat ngadadak bumi retak sagulung cahya ungu kaluar, gedena sagede saung ben-tukna kawas bola. Ngabulubur nangtayungan kanjeng prabu sakulawadet. Hiji sempuh kating-gal sidakep, nyaeta pisan sang purohita karajaan nu kungsi kasor-an ku siGuriang 7.
"Eyang sepuh naon nu tos kajan-tenan?" Sang Prabu tumaros.
"Ruapana ucapan yayi Wirayu-da janten kanyataan, langit teu ngidinan ngeksekusi diieu tempat."
"Naha ieu mangruapa totonden?"
Sang purohita ngarahuh, buleudan sinar ungu ngaipisan te-pikeun kaahirna sirna sama sakali.
"Naha sadayana barinasa, eyang?"
Sang purohita teu nembalan dibantuan ku para muridna, mimiti mariksaan nu gempar ka gencet dahan jeung karungkup dangdaunan."
"Eyang guru, ieu katingalna ma-sih hirup?"
Dua lalaki dikaluarkeun dina rumpukan dangdaunan, horeng kiWidura jeung dulurna tea. Sanggeus ditarekahan, duanana ting kulisik lilir. Gigisik bari rucang-riceng siga nu karek hudang sare.
"Naha andika duaan teu kunana-on?"
"Henteu. Tapii..."bari ngaleret ka-sabudeureunana nu geus rata, ditempat tangkal tadi ngajegur ba-tu langit.
"Coba teang layona siAngkawi-jaya, kami hayang nenjo."
"Sang prabu nglahir. Nu didiparentah ngagugu, babarengan jeung para prajurit nu salamet, mimiti neangan layon Sangkawi-jaya.
Tapi sanggeus dikotektak nu diteangan teu kapanggih.
"Gusti, katinggalnamah karuang atanapi katindihan batu langit."
"Hmm..."
Sang prabu katinggal manggut2.
"Naha peryogi ieu batu langiteh dipugar?"
"Teu perlu. Malah kaula rek netepkeun, yen ieu tempat terla-rang. Jalma timana bae teu memang laha-loho kadieu, nu ngalagar tugel janggana."
"Salare unggeuk.
"Oh enya, saha ngaran andika duaan?"
"Abdi Widura, ieu kiGagu. Abdi duaan ti Cakra buana."
"Naha andika murid kiBundar-wastu?"
"Leres."
"Kaula masih boga hubungan hade sareng anjeuna. Malah kaula geus kungsi nawaran inyana jadi guru silat karaton, tapi inyana teu weleh nolak."
"Pun Eyang guru memang kitu, inyana alim teriket kana parpuli-tikan nagri."
"Jaga upama andika mulang, kaula nitip salam."
"Mangga."
Sanggeus dikumpulkeun, hapir 7o prosen nu ara didinya binasa. Teu saeutik para punggawa nu milu gugur, geus puguheun rahayat numemang teu nyaho nanaon.
Tiharita pasir kiara gintung ditu-tup. Sakulilingna dipager kai golondongan, dipuser dayeuh mun ningali katonggoh ayeuna geus teu kaciri payung raksasa tapi pasir gundul nu lila kalilaan eta tempat katelah pasir badigul.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar