Jadi jauh2 keneh kumaneh geus kajudi bakal
pikitueun, memang kitab teh ku 3atnainten geus dimus-nahkeun ku jalan diduruk.
Tapi sabenernamah eta ukur sabagean, sarta nu geus didurukteh eusina-mah geus
diteuleuman kalawan sampurna.
Kiwari geus euweuh panghalang deui pikeun
manehna neruskeun ngulik eusi kitab Raja Kalong. Sarta kiwari nu baris
diulikteh tingkat ka 6. Sarta kabehna 8 tingkat, jadi tilu tingkat deui manehna
baris nepi katahap pamungkas.
Dicaangan ku lampu taplok manehna mimiti
mukaan eta kitab, kabeh dieunakeun geus taya jurus silat. Tapi tapabrata jeung
tirakat, dibarengan ku nedunan ruopa2 sa-rat luyu jeung pituduh eta kitab.
'Tahap ka 6. Bab 1 hirup dikulilingan *mba
satya, ibarat suku jeung leungeun moal bisa papisah.'
Kitu ceuk piduh eta kitab, Ang-kawijaya tuluy
maca deui bab sa-terusna.
Sarat mutlak anger nyaeta nga-butuhkeun getih
jabangnaya nu karek umur 5 poe, Angkawijaya nu memang geus sagala2na teu ieuh
jadi kaberatan, poe eta manehna tuluy mukaan satiap lambarna. antukna rengse
nepiken kapamungkas tingkat ka 6. Intina tinggal ngalsanakeun bae
prak-prakannana luyu jeung pituduhna eta kitab.***TAMAT.
Beja ngenaan munculna siDurja-na lumbut
hideung geus mangkin ngaresahkeun sakumna rahayat jawa dwipa mangsa harita.
Utama
na nu keur
meujeuhna bulan alaeun jeung nu boga orok umur mimingguan.
Tapi meh hampir sawindu leuwih
eta jurujanateh
teu kadenge deui bejana. Kiwari nukeur jadi bahan gunjinganteh ku sepak
terjangna gorombolan Topeng Iblis, nu teu weleh ngaganggu nu keur pareng lalar
liwat.
Lamun baheulamah ngan saukur megat rombongan
sodagar jeung seba, ayeunamah mimiti turun gunung ngaranjah pilemburan. Loba
rahayat nu jadi korban kabiadaban jeung kaganghasanana.
Sabenerna pihak karajaan lain teu ngayakeun
hojah, tapi sakalieun dilacak eta gorombolan linghas luar biasa. Hese diteang
tempat jeung padumukannana, iba-rat nu boga mata jeung puluhan pasang ceuli.
Tug ahirna kanjeung pRabu lang-langbumi
ngumpulkeun para ksatria karton jeung para senapti nagara, kalebet Benteng
Sapta Kadton, nu dikomandoan ku Aryajalu hurip.
Kanjeng Prabu calik dina korsi gading gilang
kancana. Kiwaeuna sang panasehat ajimatri sarta katuhueunana sang Mangkubumi
Wirayuda. Sesana para senapati perang, katut hulu jurit atawa Basandewa.
Kadangu sang Prabu nyoara, "Sukur bagja
kumanjangan, detik ayeuna urang salarea aya dina kasehatan. Najan kitu aya
sababa-ra hal nu ngaganggu kanagara urang nu dipikacinta ieu." Hadirin
jempling, sang Prabu neruskeun deui sabdana. "Saperti nu geus ka saksian
kuurang salarea, kaayeu-nakeun geus muncul dua jurujana. Mun ku urang diantep
lain ngan ukur rahayat wungkul nu cilaka. Bisa-bisa nagara urang baris ancur,
utamana kutalajakna hiji gorombolan nu ngakukeun gorom-bolan Topeng
Iblis." Ditungtungan ku ngaleret ka mangku bumi Wira-yuda.
Nudileret sungkem laju nyoara,
"Numutkeun mata2, eta gorombol-an seueur celi katut matana. Seu-eur para
anggahotana nu ngalebur sareng rahayat umum, identitasna sulit dilacak margi
teu kagungan ciri mandiri."
"Naha paman patih uninga ka
gegedugna?" Cedok kipatih nyem-bah sarta pokna deui.
"Saleresna eta gorombolan ukur para
bromocorah nu biasa2 bae, kapungkur eta gorombolan dipim-pin ku hiji jalma nu
leungeuna bun-tung sereut pigeulangna. Tapi ayeuna manehna geus jadi jalma
nomer dua digorombolananana, ceuk selentingan inyana geus ditalukeun ku hiji
jalma nu identi-tasna nyamuni tur rahasiah."
"Ceuk beja gegedugnateh teu weleh
ditopeng rupa Iblis naha manehna nu nalukeunnana?"
"Kana tangtos kitu."
Kanjeng Prabu unggut2an. Mata-nu moncorong
muter, siga nu hayang sidik ka hiji-hijina para hadirin.
"Pageto siapkeun pasukan sarebu
prajurit. Pimpin ku andika senapa-ri, kaula mihareup gorombolan Topeng Iblis
bisa dibasmi saganca-ng-gancangna."
Tilu senapati langsung cungcong nyembah tanda
ngestokeun timbal-an Ratuna.
"Sedeng pasukan khusus nu dipimpin ku
Madu, lacak jurujana nu purah nyulikan orok beureum."
Nudisebitan bieu langsung nyem-bah teu beda
ti tilu senapati.
KiGentur jeung kiCatam memang teu ngabogaan
anak buah, tapi duanana oge boga pangaruh kuat meh satata jeung jabatan
senapati perang, disebutna oge Sapasang Naga Sundapura.
"Saprak para pambarontak hasil
dimusnahkeun nepi kaakarna, suganteh nagara bisa ngadeg dina kaayaan tentrem.
Tapi bet sabalik-na aya bae gangguannana..."
Jempling taya nu nyoara, paseban nu sakitu
lega tur pinuh ku para punggawtwh sepi lir dipajaratan bae.
Tapi lami kalamian sang panase-hat Raja
pangeran Ajimantri nyoara.
"Alo prabu masing tawekal, beuki luhur
tangkal kalapa ngadeg, beuki kuat tiupan kincir maruta."
"Naha ramasepuh gaduh pamendak?"
"Masalah gorombolan topeng wadja saena
tong dijantenkeun emutan, margi tiasa ngareksak ka-na kasehatan Alo Prabu.
Masih seueur hal sejen nu langkung penting, salah sahijina pangogan ti Galuh
kamulyan nu hoyong ngalihkeun pura basa kapuncak galunggung. Ieu kedah
diemutan, margi saur mata2 urang diditu tos diadegkeun pertahanan nu kacida
kuatna."
"Hhh..." kanjeng prabu ngrahuh,
"Sabenerna kaula teu panuju upama purabasa dipindahkeun ka galunggung,
tapi upama kaula nga-hahalang inggis matak ppaseaeun. Jadi kirimkeun pangagung,
pikeun nyakseni kana pangresmiannana."
Cedok KiAjimantri nyembah, "Unjuk
sumangga gusti, malih teu kudu siitu sieta deui. Wios wa sepuh nyalira nu baris
kaditu kangge ngawakilan salira."
"Mm... candak bae salah saurang
senapati, nu tiasa di percanten."
Panasehat aji mantri mangut bari sungkem.
"Urusan siTopengIblis, kudu bu-ru2
direngsekeun, sabab bisa ngabahayakeun kana parekonomi-an urang 4unda."
Salare sembah sungkem tanda ngaestokeun
timbalan raja.
"Lebah dieu, kaula masrahkeun ka paman
patih."
Patih Wirayuda sungkem, laju nyoara.
"Sagala timbalan yayi prabu, kana
tangtos ku paman diestokeun."
"Nuhun paman patih."
Nepi kahrita riungan dibubar-keun, para
mantri, Hulu jurit katut nu sejena mulang katempatna ma-sing2.
Isukna ki PatihWirayuda, langsung ngangkir
dua senapati perang nu geus pangalaman, kate-lahna Jaya pertala katur kiRaga
jaya.
Teu kacatur
kumaha utar-atur jeung. uras-urusna nyiapkeun pasukan.
Panceg tengah poe bulan Asuji, hampir sarewu
prajurit dikerah-keun pikeun ngabasmi gorombolan Topeng Iblis nu teu weleh
ngaresa keun nagara.
Limaratus dipimpin ku Senapati Jayapertala,
lima ratus deui dipim-pin ku Senapati Rajajaya. Nu dijugjug leuweung Ganggong,
nu pernahna wetaneun gunung Mang-layang. Sakur urang lembur nu pa-reng
pasangrok kontan nyarisi, bari arandiprek. Kaget ku barisan prajurit nu ngaleut
ngeungkeuy ngabandalet bari samarakta ku pakarang. Kaasup barisan tumbak, panah
jeung pedang.
Dua poe tiharita, pasukan praju-rit tepi kanu
dijugjug, nyatana ka suku gunung manglayang. Para prajurit nyieun pasangrahan
luareun hiji kacutakan, tenda dug-deg damar kurung katut dsmar sewu geus
baranang nyaangan sisi leuweung Ganggong.
Ceuk tukang suluh nu beurangna ditanya, aya
tilu jalan satapak muru kapuncak gunung. Jalan nu kahiji nu kiwari aya
hareupeun tenda, jalan kadua pernahna aya disisieun lamping sapanjangna tarahal
kubatu sareukeut loba tanjakan jeung tikungan nu kenca-eunana gurawes ku gawir
cadas nu nangtawing. Sedengkeun jalam katilu aya dihiji lembur nuimahna masih
carang jeung aranggang, sarta jalana rembet ku kakayon, sarta loba
pibahayaeunana sabab loba sato laleutik tapi matak mateni. Saperti bayongbong,
babakaur geus puguh ari sabangsaning oray jeung lancah mah pating garantung
luhureun jalan satapak.
Kaayaan geus nyerelek kawanci saleureuh
kolot, tapi sababaha urang jalma masih galecok nya kaasup senapati Jayaraga
jeung senapati jayapertala milu hadir oge para besandawa.
"Mm- memang kudu berang. Sali-an urang
bisa laluasa bagerak, tapi oge nyingkahan hal-hal nuteu dipiharep."
"Najan kasebut masih aya diwi-layah
Sunda, tapi kaayaan diwe-wengkon manglayang estu masih poekeun. Lamun kiAdi
boga pami-kiran kitu, Akang satuju."
Walon kiRagajaya bari mageuh-an angkin. Laju
nguyup tuak nu diwadahan dina buah kukuk.
"Ceuk warta, ieu gorombolan muncul
disabudeureun gunung manglayang tug nepi ka Priangan. Kapanan kiRangkasbitung
ge diieu weweng kon pisan tinemu ajalnateh"
"Ceuk beja manehnamah binasa dina
kaayaan jadi kesik."
"Ceuk beja memang kitu, tapi kaula teu
percaya kanu takhayul."
Hiji besan dawa ngengklokan.
Gorombolan topeng wadja salian ngaganggu nu
rek seba upeti, teu jarang maranehna nga-ganggu para saudagar. Malah
kiSubangwara nepi kabangkrut pausahaanana gara-gara gagal tina ngalaksanakeun
tugas."
"Padahal kurang kumaha digja-na eta
jalma. Sabab inyana boga kaistimewaan husus bawana lahir, inyana mampuh
ngarobah barang naon bae saupana kacabak ku dampal leungeuna."
"Aya bejana kiSubangwara kiwari hirup
bumen2, dilemburna."
Peuting eta para prajurit laleu-reuh,
sababaraha urang diantara-na tugur ngawangun hiji barisan. Meh dalapan pojok
pasangrahan, dijaraga ku pasukan panah katut tumbak.
Isukna panyalusuran dimimitian, sababaraha
urat prajurit petingan digerakeun pangheulana minangka ngabaladah jalan,
sanggeus dina jarama puluhan tumbak kakara mere kode, ku cara ngalempagken apuy
cinarekan ka jomantara. Kitu nateh lain di satempat, tapi disatiap jalan nu
tadi geus kungsi disebut.
Sedeng kiJayapertala katut kiRa-gajaya,
nunggu laporan dibarak kamiliteran dibaturan ku sababa-raha urang
kapercayaanana.
Panceg manceran salarea sarap-an, dilangit
kaayaan mendung loba mega nu ngalet katiup angin dangdarat.
"Kacirina para prajurit urang can
manggihan naon2. Bukti euweuh nu mere tanda boh pasukan garuda, boh pasukan
lodaya. Kitu deui pasukan Landak Wesi, estu jempling samasakali."
"Lamun maranehna mulang, sesa pasukan nu
400 deui, urang kerahkeun pikeun ngabaladah ieu gunung."
"Bener usulan andika, prajurit. Sabagean
ieu gunung urang buk-bak utamana tempat2 suni jeung geueuman."
"Lamun kutu carana isuk wanci haneuteut
moyan, andika sapara-kanca asup kalembur, nginjem rupa2 alat keur ngabukbak
leuw-eung mun bisa sakalian ajak urang lembur hususna nu aya disabudeureun ieu
gunung."
Sababaraha urang prajurit langsung
nyanggupan. Parat nepi magrig, pasukan nu keur ngabala-dah masih jempling teu
nere tanda.
Tilu poe tiha rita, ngadadak pasukan mulang.
para hulu jurit langsung mere laporan, yen hampir sakabeh gunung geus diskasrak
luyu jeung misi oprasi.
"Naha kebon jeung nu jaremet geus
diteang?" Kiragajaya lang-sung tumanya.
"Tangtos teu acan, nanging nu sakira
kabukbak ku pedang sareng tumbakmah parantos."
"Hmm..." kiRagajaya unggut2an.
"Engke peuting andika sakabeh nyieun gambaran, tempat mana-mana bae nu
geus jeung encan ka-pariksa."
"Mangga." Ceuk sababaraha urang
prajurit.
"Kamari sababaraha urang prajurit
ditugaskeun turun gunung pikeun nginjeng rupa-rupa pakarang. Maksudna keur
ngabuk-bak tempat2 geueuman bisi markas gorombolanteh bener2 nya-muni
kaayaanana." Senapati Jaya Pertala ngengklokan.
Peuting eta para prajurit laleureuh, kajaba
hulu juritna nu sibuk nyieun gambaran jeung laporan mana-mana bae tempat nu
geus disorah jeung dibaladah.
Sanggeus dambaran ditulis bet matak kaget,
sabab loba jalan2 anu muter. Anu brasna kajurang jeung gawir oge teu saeutik.
Untung paraprajuritna geus kalatih jadi teu nepi kanimbulkeun korban jiwa.***
Isuk sorena, kakara para prajurit nu
ditugaskeun nginjem rupa2 alatteh datang. Ngan matak hemeng, uarang lembur hiji
oge taya nu kabawa.
"Naon? Jadi maranehna Nolak?"
Ceuk kiRagajaya katembong kuciwa.
"Leres. Maranehna keukeuh embung, batan
daek maranehna leuwih rela dicameti ku pihak urang."
"Naon sababna?"
"Pajarkeun dipuncak gunung manglayang,
seueur dedemit sareng silumana. Dianatara mara-nehna tos sering nujanten
korban-na, tiasa lebet teu tiasa kaluar."
"Hhh! omong kosong. Didunya ieu euweuh
nungarana dedemit, komo setan katut silumanmah."
"Tapi buktina kitu, urang lembur kajen
dihukum cameti batan kersa ngiring ngabukbak ieu gunung."
KiRagajaya gogodeg, terus ngaleret kabaturna
nyaeta kiJaya-pertala.
"Sabemerna ieu tempat memang geus
dipasangan kurupa2 pitapak. Nutangtuna bae oge dilkukeun ku pihak musuh nyaeta
ku pihak gorombolan, kasalahan urang lem-bur nu ngalanto ka ieu gunung tangtu
dibayar kunyawana. Sabab eta goromboaln inggis rusiahna bocor tur
kanyahoan."
"Kana tangtos kitu, sun. Tapi mupur
kapercayaan, langkung sulit batan mupus jiwana sorangan.
Jep jempling salarea ngaheneng. Ahirna
sanggeus jempling cukup Lila kadenge kiRagajaya nyarita.
"Ayeunamah kieu bae, Rancana tetep
jalan. Ngan tangtu bae tanpa bantuan urang lembur, sok sanajan leuwih lambat
tapi pasti mawa hasil."
"Usahaleun satiap pasukan boga salinan
peta ieu gunung, utamana jalan2 nu matak nyasab tur nyilakakeun."
Jayapertala ngengklokan.
Saterusna babadamian leuwih daria,
Jayapertala katut kiRagajaya ngatur siasat utamana dimimiti mana pasukan
bagerak, jeung tenpat2 mana bae nu kudu disingkahan.
12. Dedemit
Gunung Malanglayang.
Luyu jeung agresi militer, tempat nu sakira
jadi kacurigaan mimiti dibukbak. Nurebet dibabadan, nu ngahalangan jalan
dituar, Sawareh aya nu digebugan jeung nu diduruk bae oge aya.
Kocap dihiji pasukan, pasukan tumbak nu
kaasup pasukan Loda-ya. Hampir 50 urang kabeneran keur laleureuh, beungeutna
areu ceuy, kesangna nyorolok masehan masing2 awkan nu talanjang ti cangkeng
kaluhur.
"HayuN bisi tinggalen."
Ceuk besandawana bari jeungkat, kelanan pa.
Suku cang-kel keneh, tara-tara tisasari.
SiHulujurit diuk deui, babaturan na geus teu
katembong mangkin jauh ninggalkeun maranehna. Sanggeus rada lila sihulu jurit
ngajakan deui, "Hayu!"
"Aneh! Suku jadi baal."
"Baal kumaha?"
"Mati rasa."
Bari nembongkeun bitisna nu ngadadak bareuh.
Nupareng ningali ting rarenjag, sabab jelas
siga kena ku perah sa-bangsa oray, atawa hileud taneuh nu matak mateni.
"Kacirina andika kakenaan ku peurah,
naha tadi teu sadar diseureud kunaon?"
Siprajurit gogodeg, ku salarea katembong
rarayna beureum siga nu muriang.
SiBesandawa ata hulu jurit nyabut balati,
geus kitu dipake nurih suku nu bareuh pikeun meres getihna sangkan racuna
kabawa kaluar.
Getih kontan ngalembereh semu hideung,
ngaluarkeun bau nu poha-ra.
"Enyaan andika memang kena ku perah,
tapi hese nangtukeunna naha oray atawa naon. Hanjakal regu mandala geus leuwih
tiheula miang jeung pasukan sejena."
"Terus kumaha?"
"Naha andika sanggup lumam-pah?"
"Boro2. Awak ge geus teu puguh
rasakeunana."
SiHulujurit ngahuleng, nusejena caricing
sedeng pasukan sejena tangtu geus beuki jauh ninggalkeun
maranehna.
4anggeus rada lila nghuleng siHulu jurit teu
buru nyokot kapu-tusan.
"Ayeunamah kieu, anter ieu ki Sugal ka
pasangrahan, cukup ku tiluan. Sedeng kaula rek terus ngagabungkeun deui diri
kapasu-kan kanjeng senapati."
"Mangga."
Tilu urang jalma nu ditunjuk nga-manggakuen,
hraita keneh kiSugal pada ngabeyeng dikenca katuhu-eunnana. KiDarda ngarenghap
narik napas, nenjokeun nu mulang kabarak prajurit.
"Tiayeuna urang kudu leuwih ati-ati,
siSugal pasti kaseureud ku hileud taneuh. Nu dipihariwang, paur nincak langir
beureum nu geus dipastikeun hese piubareuna."
Salarea ngahaminan, bari terus laleumpang rek
neruskeun deui lalampahannana.
Tapi karek oge sababaraha lengkah, dilandeuh
aya nu ngago-wok disusul ku sora nu ngagerem lir si3aja leuweung salarea kaget
tanpa dikomando langsung jlung-jleng laju lumpat kapalebah datang
na sora.
Jleng-jleng! Celegedeg. KiDarba nu panheula
datang langsung nangtung. Kasampak sugal keur molotot bari nunjuk kalebah
balungbang, tilu urang baturna geus teu kasampak, ngan eces geutih ngabayabah
manjang siga kaluar dina awak jalma nu disered.
"Naha siRajaleuweung?" KiDarba
tumanya, memeh nembal nusejena tarepi.
"La...lain...."
"Ari geus...?"
Kisugal mulan terus ngelepek ka-paehan. Para
prajurit kontan raeng bari jeung silih tanya.
Siganamah ku siRajaleuweung. coba jaga
sawareh didieu, sawa-reh deui milu kakaula."
Ceuk darba, bari nyiapkeun pedangna. LAJU
NGALENGLAH MURU sisi gawir, dituturkeun ku-nusejena.
Geutih beuki jelas, tumbak jeung tameng
ngagaloler bogana nu tiluan tadi. KiDarba tuluy ngaleng-kah bari pinuh kukawas
padaan.
Kadenge dihandapeun gawir sada nu ceplak
dibarung kuting ka-leceok, darba kanu
sejena pating tarengo kahandap tapi lebeng teu kaciri naon2. Ukur tungtung
batur datar, nonjol dilebah biwir gawir.
"Kumaha kai?"
"Teu kaciri nanaon, ukur tonjolan batu
datar."
"Tapi nu ceprak teh, siga datang na
lebah dinya?"
"Keun ku kuring urang teang."
Hiji prajurit beuki maju, sirahna beuki nolol
kabiwir gawir beuheu-ngna dipanjangkeun panasaran naha hewan naon nukeur
balakecrakan ngamangsa baturna teh.
"Kumaha?" kiDarba tumanya.
Siprajurit teu nembal, ngan ebreh paromnana ngadadak pias. Awak-na ngadegdeg
siga nu kasibat.
"Naon nu kaciri?"
Siprajurit teu nembal lalaunan mundur bari
diuk satengah ngabebetkeun maneh. Matana molotot, siga nugeus manggihan srtan
ditengah poe.
"Plak! plak!"
Sanggeus dicabok kakara sadar.
"Prajurit, nu katingali?"
"Si... siga... siga..."
"Siga naon?"
"Manusa..."
"Terus naon nu dipiheranna?"
"Maranehna... maranehna... nga-mangsa
tilu... batur.... batur urang!"
"Hhh! Ngamangsa tilu prajurit
urang?"
"Mu... muhun..."
"Hhhh! Mustahil."
"Ma... mangga bae parios."
Darba ngahuleng, terus neuteup beungeut
siPrajurit nu masih sepa. Nusejena teu nyarita, ngan masing-hatena panasaran ku
ucapan baturna.
"Ayeunamah kieu," ceuk Darba,
"tilu urang turun pikeun mariksa, sedeng kaula nyiapkeun tumbak keur
nangtayungan nu tiluan. Cing kaula rek nanya, naha aya nu sanggup pikeun turun
kabalung-bang?"
"Keun kaula, ki."
"Kuring ge sanggup."
Ahirna tilu jalma narangtung, nyangupan kana
pamentana kiDar-ba.
"Hmm... alus. Kaula bangga tur
reueus."
"Naha peryogi uranmere isarah?"
"Can perlu, ke geus bukti naona kakara
urang mere tanda."***
Disejen tempat ka ciri ratusan prajurit beuki
ngasruk, kiwari geus loba leuweung anu lenglang. Loba lahan lega nu asalna
kaka-yon nu rembet tur bala, sakurang-kurangna kiwari geus loba jalan anyar mun
rek niat naek kapuncak gunung.
Tapi bener ceuk laporanna para prajurit, yen
memang dieta gunung taya tempat nu nyurigakeun. Tong boroning sayangna eta
gorombol-an euweuh manusa saurang2 acan, padahal meh hampir nu bala teang nu
jembet dipaluruh pon kitu deui guha jeung sedong estuning taya nu kaliwat. Tug
nepikeun tilu pasukan tepung dipuncak gunung, hasilna nihil sama nihil sama
sakali.
Haritateh geus liwat tiwanci magrig, kaayaan
dipuncak gunung estuning tiis luar biasa. Tenda2 geus diadegkeun deui, juru
masak keur meumeujeuhna sibuk nyiap-keun sarapan keur peuting.
Hawu-hawu dadakan ting gale-bur, nyiarkeun
aroma kadahaan kamana-mana.
Karagajaya katut kiJayapertala katembong
dariuk luheun tunggul bari ngariung durukan, luhureun-nana uncal menang nyisit
keur diguang-guling nimbulkeun rasa lapar nu pohara.
Keur kitu ngadadak hulujurit sungkem bari
nyarita.
"Aya laporkeun, gusti senapati."
"Pokpok nyarita."
"Simabdi kaleungitan regu tum-bak."
"Sabaraha regu, jeung andika ti barisan
mana?"
"Abdi barisan landakwesi, sedeng nu
kakantung saregu nu sadayana 50 urangan."
"Naha bet bisa papisah?"
"Tadi sabada leureuh regu tumbak aya nu
muriang, ku reren-cangannana diarantosan bari di-pariksa sedeng abdi neraskeun
lumampah sareng pasukan sanesna. Mung aneh, sababaraha kali ditungguan regu
tumbakteh taya ngurunyung."
"Naha maranehna teu mere isarah?"
"Henteu, sun."
Dua senapati silih leret, nusejena oge pon
kitu deui.
Samameh aya nu nyoara ngada-dak dilandeuh aya
nu ngabulubur semu hejo. Nyaeta pisan apuy cinarekan mangrupa isarah yen aya
bahaya.
Salarea kontan curinghak, laju tuptop kana
masingae pakarangna laju lalumpatan kapalebah datang-na isarah. Tapi kusbab
poek, pasu-kanteh teu bisa gancang, sedeng pana seuneu teu katembong deui ukur
sakali-kalina. Tungtungna pasukan ngaharunted dihiji tempat, cahya obor jeung
ajug ting galebur nyaangan eta patempatan.
"Kumaha?"
"Tadimah siga didieu."
"Bener. Tapi naha ngan sakali,
sakurang2na dua Tilu kali."
"Pasti aya nu teu beres."
Salarea waspada, pasukan bage-rak deui
nyalusur tonggong gunung, KiRagajaya katut KiJaya-pertala geus ngalugas masing2
pa-karangna. KiRagajaya Ngalugas gobang, sedeng kiJaya petala Keris Nagabumi.
NU DISEBUT keris Nagabumiteh nyaeta Keris nu boh ukuran jeung gedena meh sarua
jeung pedang, sarta elukna aya kana 7na.
Keur kitu dipalebah batu gede aya nu
ngagorowok, dua sena langsung ting jorelat. Muru kalebah datangna sora,
kasampak sababaraha urang prajuritna keur ngagugulung hiji jalma horeng kiSugal
nu tadi kapiuhan, kiwari manehna geus lilir awakna panas bitisna masih bareuh.
"Prajurit! Naon nugeus kajadian?
KiRagajaya tumanya, nuditanya angur ngagibrig
bari humarurung.
"Katingalna inyana nincak hileud
beureum."
Ceuk regu mangala. Bari ngopres bitisna
kiSugal sanggeus dibalur ku obat pamunah racun.
"Sugal, mana nu sejena?" ceuk
ki-basandewa, minangka komandana kiSugal.
"Kabeh... ka... kabeh bi...
binasa!"
"Naha ku pihak gorombolan?"
Nuditanya angur humarurung, beunegtuna euweuy
sakujur awak-na mani nyongkab.
Sanggeus gegerungan cukup lila, kiSugal
nunjuk kabiwir gawir.
"Naha maranehna murag kabalungbang?
KiRagajaya tumanya deui, "Coba pariksa dijero balungbang naha aya
naon?"
Sababaraha urang prajurit jleng kahandap
kapalebah batu nu nonjol.
"Gusti didieu aya guha, sareng..."
Siga nu keur lomba, dua senapa-ti ting
jorelat kahandapeun balungbang nu ngagawir cukup jero.
Barang breh teu kira2 ngaranjug-na sabab
tidinya geus gempar ku kumayit nu rata-rata geus teu utuh anggota badana, siga
geus direweg kuhewan buas. Nu leuwih pikangenesen, didasar balungbang numpuk
sababaraha layon numa-sih kaambeu ku hanyirna getih.
"Gusti, guhateh jero pisan."
Dijero guha sababaraha urang prajurit
tinggorowok, kiRagajaya katut jaya pertala arasup bari ngangkat masing2 oborna.
Nyaan guhateh jero, sakuliling bungkingna
dina cadas.
"Urang bagi tugas." kiRagajaya
ngagerendeng.
"Memang kudu kitu."
"Kiadi nu kakenca, akang nu
ka-katuhu."
Geus sarapuk kitu duanana langsung ngabagi
diri, 20 milu ka kiRagajaya 20 urang deui milu Ka kiJayapertala. Sesesana
ngajaga diluareun guha, sarta nu panglobana dibiwir jurang bari ngubaran
kiSugal.
Beuki lila guhateh beuki lega, diditudidi
loba lukut jeung stalaktip, tepikeun ka ahirna dua rombongan manggihan cahaya
jeung hiukna angin.
Basa kaluar guha balebat geus hibar, kadenge
hayam leuwung kongkorongok. Tikaanggangan bet katembong perentulna suhunan2nan
imah.
KiRagajayakatut Jayapertala, molohok teu
sangka ditempat nu kalingkung batu-batu cadas bet aya hiji pakampungan.
"Gusti, rupina ieu pangintes markasna
gorombolan topeng wadjateh?"
"Bisa jadi," bari dongko handap-eun
batucadas nu ting jalegir.
"Naha bade diserbu ayeuna?"
"Tungguan caang. Bari ngumpul-keun
tanaga. Samemeh aya paren-tah ulah aya nu miheulaan bage-rak, menta bantuan
kanu diluar sangkan asup. Utamana pasukan panah nu dipingpin kuSedahurip."
"SiHulu jurit unggeuk, lalaunan
ngundurkeun diri rek ngalaksana-keun tugas tisenapati.
Sabot nunggu kaayaan caang, nusejena siaga
tinggal ngadenge parentah langsung bagerak.
Bareng jeung meletekna panon poe, pasukan
panah katut jampari-ng datang lobana moal kurang ti 200 personil.
Sababaraha diantarana geus ngadukan, sawareh
deui nyiap-keun minyak panah geus diakaro-kang.
Ngan samemeh apuy cinarekan, dilempagkeun
Jayapertala maju kahareup.
"Kaula panasaran kanu geus nyerang regu
landak weusi, ceuk prajurit nu salamet maranehna diserang kuBuganghapa."
"Mustahil!" Bugang hapa uku aya
nadongeng."
"Basa kamari manehna masih panas, ayeuna
geus 80% cager. Omogannana tangtu masih bisa dipercaya."
"Terus kahayang anjeun kumaha?"
"Kaula hayang mastikeun heula dieta
pakampungan, naha aya naon."
KiRagajaya unggut2an, terus nyarita.
"Lamun kitu terserah, tapi kade sing
ati-ati."
"Jakasasana, ranggaseta milu ka-kaula.
Bawa regu anjeun..."
"Mannga"
Jakasasana jeung Ranngaseta narurut, saharita
sababaraha jirim ting aeungku muru pakampu-ngan, pangheula Jayapertala, ditema
ku dulu jurit katut 1d prajurit.
Beuki lila beuki deukeut, malah tepi ka
pakarangan hiji imah. Tapi tetela tiiseun, salarea bagerak nurutkeun elmu
kamiliteran, tiap imah sup bari teu weleh caringcing. Ngan sanggeus dikotektak,
kampungteh kosong. Rupana panghunina geus ngungsi, smemeh pasukan pamarentah
datang.
"Kacirina ieu kampung geus
dikosongkeun."
"Terus kumaha?"
"Luyu jeung rencana, duruk! Ieu
pakampungan kudu dimusnahkeun nepi karata, hayu!"
"Tahan!" Ranggaseta ngadadak
megatan.
"Aya naon deui?"
"Tingal..."
Curukna ngacir kahiji wawangu-nan. Katembong
didinya aya saba-baraha jirim keur ngawaskeun.
Jayapertala maju, dituturkeun ku nusejena.
Geus aya hareupeun pan-to, jakasasana uluk salam.
"Naha andika pribumi dieu
kam-pung?"
Euweuh nu nembalan, tapi kaciri lima jirim
jalmateh arusik mere reaksi.
"Hey, andika ngadenge teu? Coba andika
kaluar, pakarang tunda sabab lamun henteu awak andika pasti burakrakan!"
Anger taya nu ngajawab, tungtu-ngna
kiJayapertala ngisarahan sangkan bagerak. Tilu urang asup, nu hiji ngadobrak
nudua ngokang tumbak siap ditojoskeun.
"Braakh...!!!"
Teuing naon nu geus kajadian, nyaho2
tiluanana marental deui kaluar siga aya nu ngabaangkeun.
Salarea kaget, kiJayapertala langsung luncay
kajero dituturken ku ;akasasana jeung Ranggaseta.
Ngadadak aya leungeun ngahiuk rek nampiling.
JAKAsasana ngelok bari ngirimkeun panimpug-na kana dada siPanyerang.
"Bukk!" Kena sijalma bati ngagi-geg
bari gegerem teu beda tiajag leuweung.
"Creb!"
Memencos Keris Nagapertala tembus kana
jajantung eta jirim, tapi basa rek dicabut pageh luar biasa. Sedeng katembong
eta jirim ngababukeun leungeuna.
Jayapertala kapaksa ngalepaskeun cekelannana.
Terus mundur babarengan jeung nutiluan, kaget liwat saking ningal
eta jirim. Matana
hurung, sakujur awakna bareuh semu biru sedeng uratna kalaluar teu beda akar.
"Mundur Jayapertala ngarowok, salarea
nurut jlungjleng mundur. Orokaya baturna kurang rikat, tak-tana kakacekel
manten terus dibawa kajero.
"Aaauughhh...."
Kadenge koceak dengekna disusul ku sora nu
barang gayem, tembong tina kalangkangna siPrajurit pada ngareweg.
"Bugang hapa!"
"Jadiii..."
"Lepaskeun apuy cinarekan kaluhur, Ieu
kampung kudu dimusnahkeun.
"Belesat...!" Panah seuneu
lang-sung melesat kajomantara.
"Brenggg..."
Lir sabubuhan kapinis, panah seuneu langsung
rabeng kajomanta-ra terus nutug naranceb dina suhu-nan imah nepi karentul teu
beda cucuk.
Gurr... sakeudeung ge, imahteh harurung.
Tuluy ngabbela, langit nu geus caangteh beuki hibar ku seuneu nu ngagedur.
"AAuugghhhh...."
Aya nu ngaur semu ngagerem, sababaraha jirim
tembong lalumpatan bari dibulen seuneu. Terus blagbligblug labuh, seuneu tulut
ngabebela ngakan awakna nepi kautung.
"Saha etateh?"
"Bugang hapa!"
"Bugang hapa? Naha andika yakin?"
"Yakin, sih henteu. Tapi nilik pisik
jeung ciri2na memang kitu."
"Jadi lamun kitumah ucapan siPrajurit nu
tadi slametteh bener?"
"Jayapertala unggeuk, bari ngadeukeutan
kiSugal nu geus rada tenang tatuna geus kempes, perah hileud beureum geus
punah.
"Najan urang teu mangihan kaum
bromocorahna, mudah2an ku musnahna ieu kampung gorom-bolan Topeng Iblisteh teu
ngaraja lela teuing."
"Naha pnyalusuran seret kadieu?"
"Saperti kuandika geus kabandu-ngan ieu
gunung geus hampir ka sakrak kabeh, tapi hiji ge taya nu kapanggih! Ukur ieu
kampung nu jadi saksi nusiganamah memang tempat panyi-cingannana. Hayu!"
Dijajapkeun ku sangsurya nu beuki luhur pasukanteh
bagerak deui, ayeunamah nurugtug mudun nonggongan panon poe seja mulang
karajapura.***
TAMAT
KAAYAAN dirajapura beuki harengheng, ku
musnahna markas gorombolan lain aman. Ieumah beuki harengheng ku munculna ka
kacauan tiditu-tidieu, utamana nu dilakukeun ku pihakna gorombolan.
Kumaha carios salajengna? Bandungan bae
sambungan ieu carios tina episode siTapak Banyu Bajra, nu ngeceskeun kumaha
ketak paripolahna Angkawijaya katut nu sejena.
Masalah nagara mangkin pelik kumunculna hiji
pasukan, nuhayang nyieuhkeun ratu Citra Dewi.
Cag!
...